dcsimg

Panda ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Panda (Ailuropoda melanoleuca, Giant Panda) nyaéta hiji mamalia nu kiwari digolongkeun kana kulawarga biruang, Ursidae, nu asli ti Cina tengah.

panda hirup di wewengkon pagunungan, kawas Sichuan jeung Tibét. Panda dijadikeun lambang Yayasan Alam Liar Sadunya (World Wildlife Fund, WWF), hiji organisasi konservasi alam. Ti panengah abad ka-20, panda ogé jadi lambang nasional Cina, sarta dijadikeun koin emas Cina.

Najan sacara taksonomi digolongkeun karnivora, dahareunana mah sabenerna tutuwuhan, utamana awi. Panda ogé beuki endog jeung serangga pikeun sumber protéinna.

Pikeun sababaraha dekade klasifikasi taksonomi panda dipadungdengkeun sabab panda jeung dulur jauhna Panda Beureum mibanda ciri-ciri nu mirip biruang jeung careuh. Tapi, uji genetik nétélakeun yén panda mémang biruang sarta asup kana kulawarga Ursidae. Dulur pangdeukeutna nyaéta Spectacled Bear di Amérika Kidul. Tinggal hiji deui, sabab Panda Beureum masih dipadungdengkeun, naha asup kulawarga Ursidae atawa careuh, Procyonidae.

Panda kaasup spésiés nu kaancam punah alatan habitatna nu beuki heureut sarta laju kalahiran nu jarang, boh di habitat aslina atawa di panginguan. Di alam aya kira 1.600 sato.

 src=
Panda nu geus sawawa di Kebon Sato San Diego.

Panda munggaran kawénéhan ku urang Kulon taun 1869 ku misionaris Prancis Armand David. Panda dipikaresep ku masarakat umum sabab watekna nu lucu, katambah ku kadaharanana nu mangrupa awi.

Ngaran

Ngaran 'panda' sakumaha ngaran umum kiwari asalna tina Panda Beureum, nu mangrupa dulur jauhna di Éropa nu sarua dahar awi. Saméméh kapanggih patalina jeung Panda Beureum taun 1901, Giant Panda disebut Mottled Béar (Ailuropus melanoleucus) atawa Parti-coloured Béar.

Ngaran Cina pikeun Panda nyaéta Cina Basajan: 熊猫; Cina Tradisional: 熊貓 pinyin: Xióngmāo, nu ogé bisa dibalikkeun jadi Cina Basajan: 猫熊; Cina Tradisional: 貓熊 pinyin: Māoxióng, nu hartina "ucing-biruang" atawa "biruang-ucing".

Tumbu kebon sato

Tumbu kaluar

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Panda: Brief Summary ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Panda (Ailuropoda melanoleuca, Giant Panda) nyaéta hiji mamalia nu kiwari digolongkeun kana kulawarga biruang, Ursidae, nu asli ti Cina tengah.

panda hirup di wewengkon pagunungan, kawas Sichuan jeung Tibét. Panda dijadikeun lambang Yayasan Alam Liar Sadunya (World Wildlife Fund, WWF), hiji organisasi konservasi alam. Ti panengah abad ka-20, panda ogé jadi lambang nasional Cina, sarta dijadikeun koin emas Cina.

Najan sacara taksonomi digolongkeun karnivora, dahareunana mah sabenerna tutuwuhan, utamana awi. Panda ogé beuki endog jeung serangga pikeun sumber protéinna.

Pikeun sababaraha dekade klasifikasi taksonomi panda dipadungdengkeun sabab panda jeung dulur jauhna Panda Beureum mibanda ciri-ciri nu mirip biruang jeung careuh. Tapi, uji genetik nétélakeun yén panda mémang biruang sarta asup kana kulawarga Ursidae. Dulur pangdeukeutna nyaéta Spectacled Bear di Amérika Kidul. Tinggal hiji deui, sabab Panda Beureum masih dipadungdengkeun, naha asup kulawarga Ursidae atawa careuh, Procyonidae.

Panda kaasup spésiés nu kaancam punah alatan habitatna nu beuki heureut sarta laju kalahiran nu jarang, boh di habitat aslina atawa di panginguan. Di alam aya kira 1.600 sato.

 src= Panda nu geus sawawa di Kebon Sato San Diego.