dcsimg
<i>Caulerpa peltata</i> resmi

Bitki

Plantae

Tutuwuhan ( Sundaca )

wikipedia emerging languages tarafından sağlandı
"Plant" ngalih ka dieu. Pikeun kagunaan lian ti "Plant", tingali Plant (disambiguasi)

Dina biologi, tutuwuhan (pepelakan) nujul kana organisme nu kaasup kana Regnum Plantae. Di jerona ngawengku sakabéh tutuwuhan nu berpembuluh, boh nu semu atawa nu sajati (lumut hate, lumut, papakuan jeung tutuwuhan sikian). Dina sababaraha versi taksonomi tutuwuhan, alga hejo ogé diasupkeun kana karajaan (regnum) ieu. Kacatet aya kurang leuwih 300.000 spesies organisme nu kawengku.

Tutuwuhan mangrupa organisme autotrof nu ngamangpaatkeun klorofil minangka komponen pangobah énérgi foton tina cahya panonpoe jadi énérgi kimiawi dina wangun gula. Proses pangalihan ieu katelah fotosintesis. Istilah "asimilasi karbon" dipaké ogé keur proses ieu alatan merlukeun karbon nu beunang tina CO2 bébas ti udara. ku sabab sipatna nu autotrof, tutuwuhan nempatan posisi kahiji dina rante aliran énérgi ngaliwatan organisme hirup (rante kadaharan).

Tingali ogé

lisans
cc-by-sa-3.0
telif hakkı
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Tutuwuhan: Brief Summary ( Sundaca )