dcsimg

Séro ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Séro mangrupa jumplukan mamalia pengerat anu resep ngojay di cai.[1] Jumplukan rodensia ieu kabagi kana dua jenis, nyaéta séro Amérika (Castor canadensis) sarta séro Éropa (C. fiber).[1] Sanajan dianggap hama pikeun pepelakan tatanén sarta nyababkeun caah, tapi séro mindeng dimoro ku manusa pikeun dicokot buluna anu kandel.[1] Séro hirup di habitat walungan, anca, kulah, sarta talaga.[1] Séro Amérika sarta séro Éropa ngabogaan sasaruaan dina anatomi awak sarta paripolah. Sanajan kitu, kadua spesies ieu ngabogaan saeutik fisik nu béda, utamana dina tulang irungna.[1] Séro kaasup rodensia anu ukuranana badag sarta panjang awakna kira-kira 50–80 cm sarta bobot awak kira-kira 16–30 kg.[1]

Bulu

Awak séro katutup bulu kandel anu tahan cai.[1] Bulu kasebut umumna boga warna beureum kecokelatan, dawuk, atawa hideung.[1] Buntutna anu panjang boga mangpaat pikeun organ nu ngarojong sabot nangtung sakaligus minangka kamudi sabot ngojay. Kabéh ramona dilengkepan cakar.[1] Suku hareup berang-berang dipaké pikeun ngajungjung, nyorong, kamudi, ngagaro, sarta ngabéréskeun pagawéanna. Sedengkeun suku tukangeunana ngabogaan ramo-ramo anu berselaput pikeun ngojay.[1]

Kadaharan

Séro umumna néangan dahar dina waktu peuting.[1] Kadaharan utamma séro nyaéta régang akar, sarta daun ti tangkal atawa rungkun.[1] Sato ieu nunda kadaharanna minangka cadangan kadaharanana pikeun usum tiis.[1] Sato Monogam Umur séro bisa ngahontal nepi ka 30 taun atawa leuwih.[1] Minangka sato monogam, séro ngan ngabogaan hiji pasangan saumur hirupna.[1] Dina umur dua taun, sato ieu geus sanggup ngembang biak sanajan can produktif.[1] Séro biasana ngalahirkeun 2-4 anak sanggeus ngalaman mangsa reuneuh nu lilana 105 poé.[1] Indung bikangna miara anakna di jero liang salila 2-3 minggu, sedengkeun indung jaluna ngajaga-jaga disabudeureun liang.[1] Sanggeus ngahontal umur dua taun, anak séro geus ngamimitian kahirupan anu teuneung.[1]

Évolusi

 src=
Séro Lutra leptonix dina buku Zoological Researches in Java, and the Neighbouring Islands.

Évolusi dina rupa-rupa ékologi sarta fenotipik ti hiji nini moyang, mangrupa konsép sentral dina biologi évolusioner sarta nyirikeun sajarah évolusi tina sagala jumplukan organisme.[2] Hiji jumplukan kasebut nyaéta dina kulawarga ''Mustelidae'', kulawarga pangbeungharna dina runtuyan mamalia karnivora, nu ngawengku 59 jenis lamun diklasifikasikan dina 22 genera.[2] Mustelidae masih aya dina karageman ecomorphological nu lega, jeung gurat turunan anu béda sarta bérévolusi jadi hiji array ti zona adaptif, ti fossorial luak pikeun semi-akuatik séro.[2] Mustelidae ogé réa pisan, jeung sawatara genera nu kapanggih di benua anu béda.[2].

Rujukan

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s (id) Syukur, Abdul. dkk. 2005. Ensiklopedia Umum untuk Pelajar. PT Ichtiar Baru Van Hoeve
  2. a b c d (en) [1] (Dicutat tanggal 26 Oktober 2011)
license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Séro: Brief Summary ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Séro mangrupa jumplukan mamalia pengerat anu resep ngojay di cai. Jumplukan rodensia ieu kabagi kana dua jenis, nyaéta séro Amérika (Castor canadensis) sarta séro Éropa (C. fiber). Sanajan dianggap hama pikeun pepelakan tatanén sarta nyababkeun caah, tapi séro mindeng dimoro ku manusa pikeun dicokot buluna anu kandel. Séro hirup di habitat walungan, anca, kulah, sarta talaga. Séro Amérika sarta séro Éropa ngabogaan sasaruaan dina anatomi awak sarta paripolah. Sanajan kitu, kadua spesies ieu ngabogaan saeutik fisik nu béda, utamana dina tulang irungna. Séro kaasup rodensia anu ukuranana badag sarta panjang awakna kira-kira 50–80 cm sarta bobot awak kira-kira 16–30 kg.

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia