dcsimg
樹薯的圖片
Life » » Archaeplastida » » 木蘭綱 » » 大戟科 »

樹薯

Manihot esculenta Crantz

Sampeu ( 巽他語 )

由wikipedia emerging languages提供
 src=
Manihot esculenta

Sampeu atawa dangdeur (sok disebut ogé hui tangkal; basa Inggris: cassava) nyaéta tangkal ti kulawarga Euphorbiaceae.[1] Beutina dipikawanoh minangka kadaharan poko panghasil karbohidrat sarta daunna minangka sayuran.[2] Sampeu tumuwuh di daérah tropis jeung daérah subtropis.[3]

Gambaran

 src=
Beuti sampeu siap dijual.

Sampeu mangrupa beuti atawa akar tangkal anu panjang jeung boga garis tengah rata-rata 2–3 cm sarta panjang 50–80 cm, gumantung kana jinis sampeu anu dipelak.[4] Daging beutina boga warna bodas atawa semu konéng.[4] Beuti sampeu henteu bisa lila disimpen sanajan ditempatkeun dina lomari és.[4] Gambaran karuksakan ditandaan ku kaluarna warna biru kolot alatan kawangunna asam sianida anu boga sipat racun pikeun manusa.[4]

Beuti sampeu mangrupa sumber énergi anu beunghar ku karbohidrat tapi kacida kurang ngandung protéin.[4] Sumber protéin anu alus malahan aya dina daun sampeu alatan ngandung asam amino métionin.[4]

Sajarah sarta pangaruh ékonomi

Jinis sampeu Manihot esculenta mimiti dipikawanoh di Amérika Kidul, saterusna dibudidayakeun dina mangsa pra-sejarah di Brasil sarta Paraguay.[5] Wangun-wangun modéren tina spésiés anu geus dibudidayakeun bisa kapanggih tumuwuh liar di Brasil kidul.[5]

Produksi sampeu dunya dikira-kira ngahontal 184 juta ton dina taun 2002.[5] lolobana produksi dihasilkeun di Afrika 99,1 juta ton sarta 33,2 juta ton di Amérika Latin sarta Kapuloan Karibia.[5]

Sampeu dipelak sacara komérsial di wewengkon Indonésia (waktu éta Hindia Walanda) dina kira-kira taun 1810 Payer, M. HBI weltweit. 5.3. Zur Geschichte Indonesiens. Édisi 1997-03-18. Diaksés 18 Méi 2007, sanggeus saméméhna diwanohkeun ku urang Portugis dina abad ka-16 (beunang mawa ti Brasil).[5]

Produksi

Beuti akar sampeu réa ngandung glukosa sarta bisa didahar atah-atah.[6] Rasana rada amis, aya ogé anu pait gumantung kana kandungan racun glukosida anu bisa nyieun asam sianida.[6] Beuti anu rasana amis ngahasilkeun paling saeutik 20 mg HCN pér kilogram beuti akar anu seger kénéh, sarta 50 kali leuwih réa dina beuti anu rasana pait.[6] Dina jinis sampeu anu amis, prosés ngasakkeun pohara diperlukeun pikeun nurunkeun kadar racunna.[6] Tina beuti ieu bisa ogé dijieun tipung aci.[6]

Kaguna

Sampeu dikokolakeun ku sagala rupa cara, sampeu réa dipaké dina sagala rupa macem asakan.[6] Dikulub pikeun ngagantikeun kentang, sarta palengkep asakan.[6] Tipung sampeu bisa dipaké pikeun ngaganti tipung gandum, alus pikeun panyandang alergi.[6]

Sampeu minangka kadaharan ingon-ingon

Sampeu ilahar dipaké minangka kadaharan pikeun ingon-ingon di nagara-nagara kawas di Amérika Latin, Karibia, Tiongkok, Nigéria sarta Éropa.[7]

Tempo ogé

Rujukan

Bacaan Umum

  1. FAO, June 2003 cassava market assessment, 2003
  2. Cereda, M.P. and Mattos, M.C.Y. (1996). "Linamarin - The Toxic Compound of Cassava". Journal of Venomous Animals and Toxins (online) 2 (1), 6-12; ISSN 0104-7930 [1]

Rujukan

  1. "Types of Cassava | LEAFtv" (dalam bahasa en). LEAFtv. https://www.leaf.tv/articles/types-of-cassava/. Diakses pada 2017-11-03
  2. "Cassava nutrition facts and health benefits" (dalam bahasa en). Nutrition And You.com. https://www.nutrition-and-you.com/cassava.html. Diakses pada 2017-11-03
  3. "Bacteria and fungal associated with cassava flour sold in Gboko town" (dalam bahasa en). ZoroSells Classified. https://www.zorosells.com/index.php/de/ads/5926c852ccf53/bscandprojects/Bacteria-and-fungal-associated-with-cassava-flour-sold-in-Gboko-town. Diakses pada 2017-11-03
  4. a b c d e f "Cassava - Manihot esculenta - Details - Encyclopedia of Life". Encyclopedia of Life. Diakses tanggal 2017-11-03.
  5. a b c d e "A review of cassava in Latin America and the Caribbean with country case studies on Brazil and Colombia". www.fao.org. Diakses tanggal 2017-11-03.
  6. a b c d e f g h Ojurongbe, Richardson U Okechukwu and Jide. "farming". www.cassavabiz.org. Diakses tanggal 2017-11-03.
  7. "The use of cassava leaf silage as a feed supplement in diets for ruminants and its introduction to smallholder farmers". www.lrrd.org. Diakses tanggal 2017-11-03.

Tumbu ka luar

許可
cc-by-sa-3.0
版權
Pangarang sareng éditor Wikipedia
原始內容
參訪來源
合作夥伴網站
wikipedia emerging languages

Sampeu: Brief Summary ( 巽他語 )

由wikipedia emerging languages提供
 src= Manihot esculenta

Sampeu atawa dangdeur (sok disebut ogé hui tangkal; basa Inggris: cassava) nyaéta tangkal ti kulawarga Euphorbiaceae. Beutina dipikawanoh minangka kadaharan poko panghasil karbohidrat sarta daunna minangka sayuran. Sampeu tumuwuh di daérah tropis jeung daérah subtropis.

許可
cc-by-sa-3.0
版權
Pangarang sareng éditor Wikipedia
原始內容
參訪來源
合作夥伴網站
wikipedia emerging languages