Pénguin atawa pinguin (ordo Sphenisciformes, famili Spheniscidae) nyaéta manuk laut nu teu tiasa hiber jeung hirupna di Bumi palih kidul.
Aya 17 – 20 spésiés pénguin[1]. Sanajan pénguin téh umumna hirup di Antartika, tapi tiasa ogé hirup di tempat nu sanés. Aya tilu spésiés pénguin nu hirup di daérah tropis. Salah sahijina nyaéta Pénguin Galapagos nu hirup di Képulauan Galapagos.
Spésiés pénguin nu pang ageungna nyaéta Pénguin Kaisar (Aptenodytes forsteri) anu tinggina nepi 1,1 m jeung beuratna 35 kg atawa leuwih.
Spésiés pénguin nu pang alitna nyaéta Pénguin Peri (Eudyptula minor) anu tinggina kurang leuwih 40 cm jeung beuratna 1 kg.
Umumna, pénguin nu ageung tiasa ngajaga suhu badanna sangkan tiasa hirup di daérah nu tiis. Upami pénguin nu alit tiasa hirup di daérah nu haneut jeung daérah tropis.
Umumna pénguin daharna krill (udang), lauk[1], cumi-cumi jeung hewan laut nu sanes. Pénguin tiasa nginum cai laut pédah gaduh kélénjar supraorbital dina badanna nu tiasa nyaring garam tina aliran darah. Garam éta dikaluarkeun ngaliwatan saluran pérnapasan.
Pénguin henteu sieun ka jelema. manéhna bakal nyaketan ka jelema anu nuju meneliti éta pénguin.
Badan pénguin sae kanggo ngojay jeung hirup di laut[1]. Sayapna tiasa dipaké ngadayung, tapi teu tiasa dipaké hiber. Di darat, pénguin ngagunakeun ekor jeung sayapna kanggo ngajaga kaseimbangan.
Badan pénguin warnana bodas di palih payunna jeung hideung di pengkerna. Ieu digunakeun kanggo kamuflase. Hewan ti handap sesah ningali pénguin pedah warnana nu bodas kacampur ku pantulan sinar matahari. Hewan ti luhur ogé sesah ningali pénguin pedah warnana nu hideung.
Pénguin tiasa ngojay gancangna 6 nepi 12 km/jam. Tiasa ogé nepi ka 27 km/jam. Pénguin nu alit biasana nyelam lamina 1 nepi 2 menit. Upami pénguin nu ageung tiasa nyelam lamina 20 menit.
Pénguin atawa pinguin (ordo Sphenisciformes, famili Spheniscidae) nyaéta manuk laut nu teu tiasa hiber jeung hirupna di Bumi palih kidul.
Aya 17 – 20 spésiés pénguin. Sanajan pénguin téh umumna hirup di Antartika, tapi tiasa ogé hirup di tempat nu sanés. Aya tilu spésiés pénguin nu hirup di daérah tropis. Salah sahijina nyaéta Pénguin Galapagos nu hirup di Képulauan Galapagos.
Spésiés pénguin nu pang ageungna nyaéta Pénguin Kaisar (Aptenodytes forsteri) anu tinggina nepi 1,1 m jeung beuratna 35 kg atawa leuwih.
Spésiés pénguin nu pang alitna nyaéta Pénguin Peri (Eudyptula minor) anu tinggina kurang leuwih 40 cm jeung beuratna 1 kg.
Umumna, pénguin nu ageung tiasa ngajaga suhu badanna sangkan tiasa hirup di daérah nu tiis. Upami pénguin nu alit tiasa hirup di daérah nu haneut jeung daérah tropis.
Umumna pénguin daharna krill (udang), lauk, cumi-cumi jeung hewan laut nu sanes. Pénguin tiasa nginum cai laut pédah gaduh kélénjar supraorbital dina badanna nu tiasa nyaring garam tina aliran darah. Garam éta dikaluarkeun ngaliwatan saluran pérnapasan.
Pénguin henteu sieun ka jelema. manéhna bakal nyaketan ka jelema anu nuju meneliti éta pénguin.
Badan pénguin sae kanggo ngojay jeung hirup di laut. Sayapna tiasa dipaké ngadayung, tapi teu tiasa dipaké hiber. Di darat, pénguin ngagunakeun ekor jeung sayapna kanggo ngajaga kaseimbangan.