dcsimg

Kolibri ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Kolobri (Colibri thalassinus) nyaéta manuk nu asalna tina kulawarga Trochiliformes[1]. Mibanda pamatuk panjang tur mencos, awakna leutik, tur mibanda bulu nu endah hinyay mangsa katojo ku panon poé.[2] Awakna ngan ukur sagedé jempol leungeun budak, panjangna 7 cm, mibanda beurat 5,6 gram, pamatukna panjang nepika satengah panjang awakna.[2] Endog manuk kolibri kaasup pang leutikna sadunya, beuratna ngan 0,5 gram kalawan ngahasilkeun dua endog tina sausum (usum beger).[2]

Sanajan awakna leutik manuk kolibri kacida gancangna ngiplikeun jangnagna mangsa hiber, kurang leuwih aya kana 15-80 kali dina sadetik.[2] ku alatan kitu mangsa manuk ieu hiber, ngaluarkeun sora ngahiung kawas nyiruan.[2] Kahakanan manuk kolibri taya lian ti mamanis kembang (nektar), nyedotna ngagunakeun pamatukna anu panjang tur mencos.[2] Dina kaayaan hiber manuk kolibri mah bisa ngenyot mamanis kembang kalawan henteu kudu enteup dina dahan, ku lantaran kolibri bisa hiber (ngiplikeun jangjangna) dina kaayaan cicing atawa mundur jeung maju awakna.[1]

Dicutat tina

  1. a b Neil Morris, Neil (2005). Hewan-hewan menakjubkan Seri 100% pintar. Jakarta: Erlangga for Kids. ISBN 9789797418953.
  2. a b c d e f Topan Nixon, M. (2011). Ensiklopedia Binatang Pemecah Rekor. Jakarta: AgroMedia. ISBN 9786028526524.
license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Kolibri: Brief Summary ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Kolobri (Colibri thalassinus) nyaéta manuk nu asalna tina kulawarga Trochiliformes. Mibanda pamatuk panjang tur mencos, awakna leutik, tur mibanda bulu nu endah hinyay mangsa katojo ku panon poé. Awakna ngan ukur sagedé jempol leungeun budak, panjangna 7 cm, mibanda beurat 5,6 gram, pamatukna panjang nepika satengah panjang awakna. Endog manuk kolibri kaasup pang leutikna sadunya, beuratna ngan 0,5 gram kalawan ngahasilkeun dua endog tina sausum (usum beger).

Sanajan awakna leutik manuk kolibri kacida gancangna ngiplikeun jangnagna mangsa hiber, kurang leuwih aya kana 15-80 kali dina sadetik. ku alatan kitu mangsa manuk ieu hiber, ngaluarkeun sora ngahiung kawas nyiruan. Kahakanan manuk kolibri taya lian ti mamanis kembang (nektar), nyedotna ngagunakeun pamatukna anu panjang tur mencos. Dina kaayaan hiber manuk kolibri mah bisa ngenyot mamanis kembang kalawan henteu kudu enteup dina dahan, ku lantaran kolibri bisa hiber (ngiplikeun jangjangna) dina kaayaan cicing atawa mundur jeung maju awakna.

 src=

Kolibri geus lindeuk

 src=

Kolibri (Medellin, Colombia)

 src=

Dipiara tur lindeuk

 src=

Maraban anakna

Maduna disayagikeun

 src=

Pamatuk panjang (Ensifera ensifera)

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia