dcsimg

Hanjeli ( Sundaca )

wikipedia emerging languages tarafından sağlandı

Hanjeli (Coix lacryma-jobi), disebut ogé hanjéré nyaéta hiji tutuwuhan tropis ti kulawarga Poaceae (kulawarga jukut) pituin Asia Wétan jeung Tenggara.[1] Di Tatar Sunda sisi wetan (wewengkon Cirebon jeung Jawa Tengah bagian kulon nu basa ibuna basa Sunda) aya nu nyebut kanjeli.[1] Mun dipelak di tempat séjén, hanjeli jadi tutuwuhan taunan.[1] 'Cangkang' siki hanjeli nu kelirna bodas hérang teuas pisan, antukna sok diuntuykeun jadi geulang, kongkorong, atawa tasbéh.[1]

Mangpaat

Di sababaraha nagara Asia, hanjeli dijual pikeun dipasak.[1] Di Sunda sikina sok dibubur, di Koréa tipung sikina ditinyuh jadi yulmu cha (율무차, 'entéh hanjeli'), di Cina dibubur amis, yì mí shǔi (薏米水).[1] Di Koréa jeung Cina, hanjeli ogé dipeuyeum pikeun diala arakna, sedengkeun di Jepang mah dijieun cuka [1].

Rujukan

  1. a b c d e f Dalimartha, Setiawan. Atlas tumbuhan obat Indonesia: menguak kekayaan tumbuhan obat Indonesia, Volume 5. Jakarta1999: Niaga Swadaya. ISBN 9789791480185. Diakses tanggal 23 Nopember 2019.

Tumbu kaluar

lisans
cc-by-sa-3.0
telif hakkı
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Hanjeli: Brief Summary ( Sundaca )

wikipedia emerging languages tarafından sağlandı

Hanjeli (Coix lacryma-jobi), disebut ogé hanjéré nyaéta hiji tutuwuhan tropis ti kulawarga Poaceae (kulawarga jukut) pituin Asia Wétan jeung Tenggara. Di Tatar Sunda sisi wetan (wewengkon Cirebon jeung Jawa Tengah bagian kulon nu basa ibuna basa Sunda) aya nu nyebut kanjeli. Mun dipelak di tempat séjén, hanjeli jadi tutuwuhan taunan. 'Cangkang' siki hanjeli nu kelirna bodas hérang teuas pisan, antukna sok diuntuykeun jadi geulang, kongkorong, atawa tasbéh.

lisans
cc-by-sa-3.0
telif hakkı
Pangarang sareng éditor Wikipedia