dcsimg
Image of cogongrass
Creatures » » Plants » » Dicotyledons » » True Grasses »

Cogongrass

Imperata cylindrica (L.) P. Beauv.

Eurih ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Eurih (Imperata cylindrica) nyaéta hiji spésiés jukut ti genus Imperata, subfamili Panicoideae, supertribe Andropogonodae, tribe Andropogonéae. [1] Eurih mibanda ngaran daérah nu béda-béda: laturui (Aceh), lalang (Melayu), alang, (Minangkabau), kambengan (Jawa), reja (Makasar), padanga (Gorontalo), gombur (Papua).[2]

Ciri-ciri

Jukut eurih miboga ciri anu khas pisan, di mana tungtung atawa pucuk dauna nyungcung saperti cucuk.[3] Batangna pendék nangtung ka luhur jeung aya kembangan.[3] kembangna kadang warna beureum kaunguan.[3] eurih biasana tumuwuh jangkung antara 0,2 nepi ka 1,5 méter bisa ogé leuwih.[3] daunna ngagaris saperti pita panjang jeung tungtungna nyungcung, di mana pangkalna heureut saperti talang anu panjangna 12–80 cm.[3] tungtungna kasar pisan bari rérégéan, bulu panjang dina pangkalna, tulang daunna lébar.[3]

Sumebar

Eurih bisa gancang réproduksi, maké binih-binihna anu gancang sumebar kabawa angin, atawa liwat rimpangna anu nembus gancang kana taneuh anu gembur.[3] Lalawanan jeung asumsi umum, eurih teu resep tumuwuh dina taneuh anu miskin, garing atawa loba batuan.[3] Jukut ieu resep kana taneuh anu cukup subur, loba kakeunaan cahya panon poé nepi ka rada iuh , dina kaayaan lembap atawa garing.[3] di taneuh-taneuh anu becrek atawa kakeueum, atawa anu osok kaiuhan, eurih ogé henteu daékeun tumuwuh.[3] gulma ieu bakal langsung nempatan urut leuweung anu ruksak sarta kabuka, sésa kebon, sawah anu garing, sisi jalan jeung sajabana.[3] di sababaraha tempat kawas kitu eurih bisa tumuwuh nguasaan sarta nutupan aréal anu lega.[3] Nepi ka skala nu tangtu, kahuruan végétasi bisa ngarangsang perkembangan eurih, pucuk-pucuk eurih anu tumuwuh sanggeus kahuruan dipikaresep ku sasatoan tukang dahar jukut, nepi ka lahan sésa kahuruan sajinis ieu osok dipaké salaku tempat buburu.[3] Eurih sumebar sacara alami ti mimiti India nepi ka Asia Wétan, Asia tenggara, éropa, Amérika, Afrika, sarta di sabagian kapuloan.[3] Tatapi ku lantaran sifat pasifna éta, teu loba tempat-tempat eurih éta dianggap salaku gulma anu ngarépotkeun.[3]

Kandungan kimia

Sababaraha sanyawa kimia nu dipibanda dina tangkal eurih: Manitol, sakarosa, glukosa, silosa, fruktosa, asam malat, asam sitrat, asam oksalat, kaiksol, arundoin, silindrin, fernenol, simiarenol, dan anemonin.[2] Sifat kimiawi jeung éfék farmakologis : ngubaran saluran kahampangan (kantong kemih radang jeung batu ginjal) , nurunkeun panas keur galingging, sarta ubar pikeun raheut jeung sariawan sangkan getihna gancang saat.[2]

Mangfaat Eurih

Eurih osok dimangfaatkeun pikeun ngajaga lahan terbuka nu gampang keuna érosi.[3] eurih boga kamampuan gancang tumuwuh, jalinan rimpang eurih anu aya dina taneuh, jeung rapetna daun-daun eurih jadi pangjaga anu alus.[3] Di Indonésia wetan saperti Bali, daun eurih sok digaringkeun pikeun jadi bahan baku hateup imah atawa wangunan liana.[3] Salian ti éta, bisa ogé dipaké mulsa pikeun ngajaga taneuh di lahan tatanén.[3]

Rujukan

  1. Jonathan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen.
  2. a b c Hembing, Prof; Wijayakusuma (2012). Atasi ASAM URAT & REMATIK ala Hembing. Jakarta: Niaga Swadaya. p. 21. ISBN 9789793833842. Cite uses deprecated parameter |coauthors= (bantuan); Unknown parameter |Url= ignored (|url= suggested) (bantuan)
  3. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s (id)Mengenal Alang-alang diakses 21 Juli 2015

Tumbu kaluar

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Eurih: Brief Summary ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Eurih (Imperata cylindrica) nyaéta hiji spésiés jukut ti genus Imperata, subfamili Panicoideae, supertribe Andropogonodae, tribe Andropogonéae. Eurih mibanda ngaran daérah nu béda-béda: laturui (Aceh), lalang (Melayu), alang, (Minangkabau), kambengan (Jawa), reja (Makasar), padanga (Gorontalo), gombur (Papua).

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia