Yaki (Macaca nigra), nyaéta monyét dunya kuna anu hirup di Cagar Alam Tangkoko di tungtung kalér Sulawesi jeung sababaraha pulo leutik sabudeureunana.
Ieu monyét kulitna hideung meles, iwal saeutik bodas dina taktakna. Ciri utamana panon coklat semu beureum, bangusna panjang, buukna jocong. Pangawakanana kawas kera kusabab siga nu euweuh buntutan (ukur 2 cm-an). Panjang awakna 44-60 cm, beuratna 3,6-10,4 kg, ku kituna kaasup spésiés leutik. Hirupna di alam bisa nepi ka 20 taun.
Yaki hirupna di leuweung hujan, najan néang dahar jeung saré dina tatangkalan, sapopoéna mah lolobana terestrial. Yaki kaasup frugivora, kusabab kadaharanana 70% bungbuahan, lian ti daun, kembang, siki, supa, manuk, endog manuk, gegeremet/hileud), jeung kalan-kalan ngahakan kadal atawa bangkong.
Yaki (Macaca nigra), nyaéta monyét dunya kuna anu hirup di Cagar Alam Tangkoko di tungtung kalér Sulawesi jeung sababaraha pulo leutik sabudeureunana.