dcsimg
Kasık biti resmi
Life » » Metazoa » » Eklem Bacaklılar » » Altı Bacaklılar » Böcek » Kanatlı Böcekler » » Psocodea » » Bit » » Pthiridae »

Kasık Biti

Pthirus pubis (Linnaeus 1758)

Tongo ( Sundaca )

wikipedia emerging languages tarafından sağlandı

Tongo (Pthirus pubis) nyaéta kutu/serangga parasit anu dipikaceuceub ku sabab matuh dina kanjut baga manusa, tapi kungsi ogé kapanggih dina bulu panon, anu hirupna tina nyeuseup getih. Nepi ka kiwari, ieu kutu ukur kapanggih nyayang dina kanjut manusa, najan aya ogé dulur deukeutna (Pthirus gorillae) anu nyayang di Gorila.

Klasifikasi

 src=
Tongo dina kulit nu katutupan baok

Dina dunya médis, dicoco tongo disebutna 'phthiriasis pubis', anapon mun dicocona dina kongkolak panon disebut phthiriasis palpebrarum.[1]

Tanda jeung gejala

Gejala utama dicoco tongo nyaéta ateul, utamana dina lebah anu katutupan baok, balukar tina hipersénsitivitas kana ciduh tongo, anu bakal leuwih parna sanggeus leuwih ti dua minggu ti saprak munggaran dicoco. Tapak nyocona kadang katémbong biru-kulawu (maculae caeruleae) anu bisa awét nepi ka sababaraha poé.

Tépa

 src=
Tongo dina beuteung

Ilaharna, tongo pindah jalma ku cara tepung awak, utamana sapatemon. Di nu saimah, tépana bisa ngaliwatan anduk anu dipaké bareng, pakéan, kasur, atawa klosét.

Natambaan

Tongo bisa ditatambaan ku krim 1% Permethrin jeung pyrethrin. Sanggeus kitu, hadéna mah baokna diparas jeung disisir pikeun ngaleungitkeun tongo jeung lisana nu geus paraéh. Lian ti éta, sakur sepré kudu diganti. Pikeun maéhan tongo nu bisa jadi aya dina sepré, éta sepré kudu dipalastikan sing pageuh ngarah euweuh hawa, sarta disimpen heula salila lima welas poé, terus diseuseuh.

Baca ogé

Rujukan

  • Crab louse. Wikipédia basa Inggris (disalin 14 Juli 2010).
  1. Manjunatha NP, Jayamanne GR, Desai SP, Moss TR, Lalik J, Woodland A. Pediculosis pubis: presentation to ophthalmologist as phthriasis palpebrarum associated with corneal epithelial keratitis. Int. J. STD AIDS 2006; 17: 424-426

Tumbu kaluar

lisans
cc-by-sa-3.0
telif hakkı
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Tongo: Brief Summary ( Sundaca )

wikipedia emerging languages tarafından sağlandı

Tongo (Pthirus pubis) nyaéta kutu/serangga parasit anu dipikaceuceub ku sabab matuh dina kanjut baga manusa, tapi kungsi ogé kapanggih dina bulu panon, anu hirupna tina nyeuseup getih. Nepi ka kiwari, ieu kutu ukur kapanggih nyayang dina kanjut manusa, najan aya ogé dulur deukeutna (Pthirus gorillae) anu nyayang di Gorila.

lisans
cc-by-sa-3.0
telif hakkı
Pangarang sareng éditor Wikipedia