dcsimg

Zingiberales ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Zingiberales, asalna disebut Scitaminenae, nyaéta ordo tutuwuhan nu aya dina bangsa tutuwuhan Monokotil (Liliopoida).[1][2] Zingiberales diwangun ku dalapan kulawarga jeung leuwih ti 2000 spésiés.[1] Ordo ieu patali pisan jeung jeung bromeliad (kulawarga Bromeliaceae).[1] Sabagian gedé tina 8 kulawarga éta asli ti daérah tropis sakuliah dunya jeung loba dibudidayakeun minangka tutuwuhan hias.[1] Tutuwuhan gizi nu pangpentingna tina ordo ieu nyaéta cau, salian ti éta loba ogé nu jadi hérbal penting jeung rempah-rempah.[2] Sabagian gedé tutuwuhan ieu mangrupa tutuwuhan umur panjang, tutuwuhan hérba nu miboga rimpang.[2] Sababaraha spésiés (misalna cau) ngawangun "batang semu" nu ngajadikeun maranéhna katinggali kawas tutuwuhan palem, sanajan tutuwuhan ieu teu mekar jadi kai.[1] Sabagian dauna galaredé jeung miboga sisi nu lemes, kasusun dina lamen jeung batang, karakteristik nu rada jarang dina tutuwuhan monokotil, pembuluh daun teu kasusun paralél, ngan lempeng dina sapanjang daun utama.[1]

Referensi

  1. a b c d e f (en)Zingiberales (diakses 9 Maret 2016)
  2. a b c (en)Zingiberales (diakses 9 Maret 2016)
license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Zingiberales: Brief Summary ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Zingiberales, asalna disebut Scitaminenae, nyaéta ordo tutuwuhan nu aya dina bangsa tutuwuhan Monokotil (Liliopoida). Zingiberales diwangun ku dalapan kulawarga jeung leuwih ti 2000 spésiés. Ordo ieu patali pisan jeung jeung bromeliad (kulawarga Bromeliaceae). Sabagian gedé tina 8 kulawarga éta asli ti daérah tropis sakuliah dunya jeung loba dibudidayakeun minangka tutuwuhan hias. Tutuwuhan gizi nu pangpentingna tina ordo ieu nyaéta cau, salian ti éta loba ogé nu jadi hérbal penting jeung rempah-rempah. Sabagian gedé tutuwuhan ieu mangrupa tutuwuhan umur panjang, tutuwuhan hérba nu miboga rimpang. Sababaraha spésiés (misalna cau) ngawangun "batang semu" nu ngajadikeun maranéhna katinggali kawas tutuwuhan palem, sanajan tutuwuhan ieu teu mekar jadi kai. Sabagian dauna galaredé jeung miboga sisi nu lemes, kasusun dina lamen jeung batang, karakteristik nu rada jarang dina tutuwuhan monokotil, pembuluh daun teu kasusun paralél, ngan lempeng dina sapanjang daun utama.

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia