dcsimg

Gorila ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Gorila nyaéta sato primata pangbadagna, sakulawarga jeung monyét, kera sarta manusa. Sabuntut gorila jalu dewasa bisa ngahontal luhur leuwih ti 6 méter sarta beurat kira-kira 300 nepi ka 500 pound. Manéhna bisa merentangkan lenganna nepi ka 8 méter. sarta kakuatan sabuntut gorila sarua kalayan 4 nepi ka 8 jelema manusa anu kuat. Gorila awéwé dewasa ukuranana kira-kira satengah ukuran gorila jalu.[1]

ciri has

Dibandingkeun jeung awak manusa, gorila miboga leungeun sarta suku anu panjang, di mana leungeunna leuwih panjang ti suku. Gorila anu badag lolobana awakna miboga bulu, iwal jari-jemari, beungeut, kélék, telapak suku sarta telapak leungeun. Sirah gorila badag, panonna leutik sarta boga warna coklat. Gorila henteu miboga buntut. Saban buntut gorila miboga irung anu unik, kawas manusa anu miboga sidik ramo anu unik. Huntu gorila dewasa jumlahna 32. Panca indra gorila ampir sarupa kalayan manusa. Awak gorila jalu ampir dua kali badagna dibandingkeun gorila awéwé. Gorila lolobana dahar tutuwuhan. Saban poé gorila perlu kira-kira 25 kilogram kadaharan anu teriri ti dangdaunnan, kekembangan, siki-sikian, watang sarta tangkai tangkal, sarta kuncup kembang. Sakapeung, gorila ogé dahar sireum sarta sajenis rinyuh. ku sabab meunang cairan cukup ti kadaharanana, gorila pohara jarang nginum.[2]

Rujukan

  1. (id)[1](diakses tanggal 17 november 2011)
  2. (id)[2](diakses tanggal 18 november 2011)
license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Gorila: Brief Summary ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Gorila nyaéta sato primata pangbadagna, sakulawarga jeung monyét, kera sarta manusa. Sabuntut gorila jalu dewasa bisa ngahontal luhur leuwih ti 6 méter sarta beurat kira-kira 300 nepi ka 500 pound. Manéhna bisa merentangkan lenganna nepi ka 8 méter. sarta kakuatan sabuntut gorila sarua kalayan 4 nepi ka 8 jelema manusa anu kuat. Gorila awéwé dewasa ukuranana kira-kira satengah ukuran gorila jalu.

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia