Berenuk (Crescentia cujete) nyaéta hiji tangkal anu asalna ti Amerika Tengah jeung Amerika kidul .[1] Kaasup kana kulawarga Bignoniaceae, bisa direkahkeun ku jalan dicangkok atawa dipelak tina sikina.[2]
Buahna kawilang badag kawas jeruk Bali malahan sok mindeng disasaruakeun jeung buah maja, berenuk bisa dimangpaatkeun pikeun ubar.[1]
Tangkal berenuk mibanda ngaran sinonim : Crescentia acuminata Kunth; Crescentia angustifolia Wild; Crescentia cujete var, puberula Buréau & K; Crescentia fasciculata Miers; Crescentia spathulata Miers.[3] Spesies ieu ditaksir asalna ti daérah Meksiko, Amérika kalér ogé Amérika kidul, kiwari ieu tangkal berenuk loba kapanggih hirup di Amérika jeung benua séjén anu mibanda iklim tropis .[3] Di alam bebas berenuk ngarekahan ku bantuan kalong jeung lalay utamana dina mangsa penyerbukan kembangna.[4]
Tangkal berenuk mibanda ngaran anu béda-béda di unggal nagara saperti : tabu kayu (Malaysia), calabash tree (Inggris), calebassier (Prancis), kalebasboom (Walanda).[2]Japacary (Argentina); Cabaceira, coité, Cuia, Cuieira, Cuité, Cujeté (Brazil); Cirian Tecomate, Cujete (Mexico); Jicaro, Totumo (Panama); Cujete (Pilipina); Arbol De Las Calabazas (Spanyol); Krabasi (Suriname); Camasa, Taparo (Venezuela ); Dao Tién (Vietnam).[3]
Tangkal berenuk hirupna nahun, dialam bébas tangkal ieu biasana kapanggih hirup dina kumpulan kakayon, kebon jukut (tegalan), sisi jalan, nepi ka sisi leuweung.[3] Tangkal berenuk bisa jadi kalawan subur di daérah anu luhur taneuhna aya dina 800 m tina beungeut cai laut (dpl), kalawan cai hujan rata-rata 1500 nepika 1300 mm dina sataun, panasna hawa (suhu) 26° C.[3] Tangkal berenuk ogé bisa jadi dina taneuh tela (tanah liat) sanajan dina kaayaan kakuran cai atawa sabalikna mindeng ditarajang banjir.[3]
Jangkung tangkalna bisa nepika 6 -10 méter,[2] kulit tangkalna korodok kawas rorombeheun, kulit tangkal anu geus kolot baris molotok diganti ku kulit anyar, kituna téh henteu dina waktu bareng tapi ngan sabaraha bagian wungkul sakapeung nepikeunka lukutan.[3] Dahan paranjang tur dipinuhan ku daun anu narapel, unggal susunan daun mibanda 1 - 3 lambar daun.[1][3]
Daunna salambar, ngentep minuhan dahan sakapeung Aya ogé anu bijil dina tangkal, unggal éntépan dauna aya hiji nepi ka tilu pasang daun sakapeung aya ogé anu nepi ka opat lambar.[1] Kelir dauna héjo tur herang luhurna .[2] dauna lonyod panjang kurang leuwih 10-20 cm, tungtungna melengkung semu mencos (nodus), daun palebah cupat leuwih leutik.[3]
Kembangna mangkak tipeuting.[4] Bijil tina tangkal jeung dahana.[2] Panjang cupatna kurang leuwih 1,5 cm, panjang kembangna 5 cm kelirna konéng semu héjo.[2] Kelopak kembang panjang 2 cm bauna rada hapeuk.[3] Bilabiately handapna kabagi dua ; mahkota panjangna 4-6 cm (Corolla), kelirna bodas semu konéng, aya gurat semu gandaria, dina kembangna beulah luarna nyirip (venasi), benang sari pondok jeung napel di handap (subexserted).[3]
Buahna kawilang badag, kelirna héjo ngora tur kulitna lemes, buleud sakapeung aya anu rada lonyod gedéna kurang leuwih sagedé jeruk bali.[2] Ngagantung dina cupat anu bijil tina tangkal atawa dahan.[2] Buah berenuk gedé buleudan Ø 15-25 cm, Sikina laleutik panjang 7-8 mm jeung rubak/(lébar) 4-6 mm nyebar sajeroeun buah.[3]
Buah berenuk (crescentia cutjete) ngahasilkeun 15 sanyawa anyar, tilu iridoid glukosida (6,8,9) lima iridoid (7,11-14), dua 3-hydroxyoctanol glycosides (21,22), kalawan sanyawa séjéna anu disebut, ojugol (1) , 6-Op-hydroxybenzoylajugol (2), aucubin (3), 6-Op-hydroxybenzoyl-6-epi-aucubin (4), l-dehidroksi-3, 4-dihidroaucubigenin (5), (10), acanthoside D 15), benzonic acid glucosyl ester (23) jeung 5-hidroksimetil (24).[3]
Kandungan anu dipibanda buah berenuk, dina kaayaan baseuh jeung garing :
Henteu mibanda toksisitas HCN dina kaayaan baseuh kitu ogé dina kaayaan garing.[3]
|coauthors=
(bantuan) |isbn=
value (bantuan) Cite uses deprecated parameter |coauthors=
(bantuan); Unknown parameter |Location=
ignored (|location=
suggested) (bantuan) |isbn=
value (bantuan) Berenuk (Crescentia cujete) nyaéta hiji tangkal anu asalna ti Amerika Tengah jeung Amerika kidul . Kaasup kana kulawarga Bignoniaceae, bisa direkahkeun ku jalan dicangkok atawa dipelak tina sikina.