Campaka atawa Michelia nyaéta genus pepelakan nu kembangan ti suku Magnoliaceae.
Suku Magnoliacéae masih kaasup tutuwuhan purba, mangrupa fosil anu hirup sarta asal-usulna bisa disusud nepi ka 95 juta taun ka tukang. Ciri has pepelakan ieu téh nyaéta daun kembangna anu henteu diwangun ku petal sarta sepal, tapi diwangun ku tepal.
Daun sarta kembang campaka masih nyarupaan daun sarta kembang Magnolia. Kembang campaka leuwih sumebar di sapanjang tangkalna, sedengkeun kembang Magnolia mah ngan tumuwuh dina tungtung tangkal.
Sawatara spésiés mangrupa panghasil kai anu penting. Sedengkeun sawatara spésiés kawas Michelia champaca (di Nanggroe Acéh Darussalam dipikawanoh minangka kembang jeumpa) sarta Michelia doltsopa dipelak alatan kembangna. M. champaca ogé dibudidayakeun pikeun dicokot minyakna tina kembangna minangka bahan pikeun minyak seungit (parfum). Sawatara spésiés ogé dipelak minangka pepelakan pager jalan kawas M. figo, M. doltsopa jeung M. champaca.
Campaka atawa Michelia nyaéta genus pepelakan nu kembangan ti suku Magnoliaceae.
Kembang Michelia champaca.Suku Magnoliacéae masih kaasup tutuwuhan purba, mangrupa fosil anu hirup sarta asal-usulna bisa disusud nepi ka 95 juta taun ka tukang. Ciri has pepelakan ieu téh nyaéta daun kembangna anu henteu diwangun ku petal sarta sepal, tapi diwangun ku tepal.