dcsimg
Image of European Black Nightshade
Creatures » » Plants » » Dicotyledons » » Nightshades »

European Black Nightshade

Solanum nigrum L.

Leunca ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Leunca (Solanum nigrum) ngaran hiji spésiés dina genus Solanum, pituin Eurasia nu disebarkeun ka Amérika jeung Australasia, tumuwuh liar, jangkungna 30–120 cm, daunna rérégéan, panjangna 4-7,5 cm. Buahna buleud sababaraha dina sagagang, kelirna héjo (ngora) nepi ka hideung (kolot), sok didahar pikeun lalab.

Toksisitas

Leunca nu héjo kénéh jeung daunna anu geus kolot ngandung glikoalkaloid antukna ngandung racun mun didahar atah. Toksisitasna teu sarua, gumantung galurna[1]. Najan jarang pisan nepi ka parna karacunanana, kungsi aya laporanana. Racunna téh cenah asalna tina solanin[2].

Katuangan

Di Tatar Sunda jeung India, leunca biasa dipelak jeung dilalab. Olahan nu paling kawentar nyaéta karédok leunca.

Mangpaat

Masarakat loba nu nganggap leunca téh kaasup afrodisiak.

Galeri

Rujukan

  1. Nancy J Turner, Adam F Szczawinski, "Common Poisonous Plants and Mushrooms of North America" kc. 128
  2. R. F. Alexander, G. B. Forbes, and E. S. Hawkins (1948 September 11). "A Fatal Case of Solanine Poisoning". Br Med J. 2 (4575): 518. PMC 2091497. http://www.pubmedcentral.nih.gov/articlerender.fcgi?tool=pmcentrez&artid=2091497.

Tumbu kaluar

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Leunca: Brief Summary ( Sundanese )