dcsimg

Wortel ( сундански )

добавил wikipedia emerging languages
 src=
Wortel

Wortel atawa Aconilum napellus L, nyaéta sajenis tutuwuhan anu kaasup familia Ranunculaceae, anu pentingna nyaéta beutina anu sok disebut wortel.[1] Tempat tumuwuhna dina taneuh utamana di dataran anu luhur di Jawa Barat, Jawa Tengah, Jawa Timur utamana anu miboga hawa anu tiis.[1] Wortel miboga bau anu khas, mimitina mah baris karasa amis lamun digegel, tapi sateurusna bakal karasa lada, uraian makroskopikna nyaéta :

  1. Wangun beuti wortel nyaéta jiga kerucut anu panjang, dina umumna bagian ujungna lencob jeung sering miboga anak beuti.[1]
  2. Belah luarna warna coklat rada ngora, sedengkeun belah jerona warna beureum rada coklat.[1]
  3. Loba akar serabutna, panjang wortel 4 cm - 10 cm, rubakna 1,5 cm - 3 cm.[1]

Wortel ngandung zat-zat, di handap ieu :

  1. Alkaloida, akonitina jeung asetbencilakonin.[1]
  2. Benzoilakonina, akonina, jeung neopelina.[1]

Dosis dina ngagunakeun biasana 20 mg salaku antineuralgia alus pikeun ubar luar jeung ubar jero.[1]

Referensi

  1. a b c d e f g h (id) Kartasapoetra, G.2006.Budidaya Tanaman Berkhasiat Obat.Jakarta:PT Rineka Cipta
лиценца
cc-by-sa-3.0
авторски права
Pangarang sareng éditor Wikipedia
изворно
посети извор
соработничко мреж. место
wikipedia emerging languages

Wortel: Brief Summary ( сундански )

добавил wikipedia emerging languages
 src= Wortel

Wortel atawa Aconilum napellus L, nyaéta sajenis tutuwuhan anu kaasup familia Ranunculaceae, anu pentingna nyaéta beutina anu sok disebut wortel. Tempat tumuwuhna dina taneuh utamana di dataran anu luhur di Jawa Barat, Jawa Tengah, Jawa Timur utamana anu miboga hawa anu tiis. Wortel miboga bau anu khas, mimitina mah baris karasa amis lamun digegel, tapi sateurusna bakal karasa lada, uraian makroskopikna nyaéta :

Wangun beuti wortel nyaéta jiga kerucut anu panjang, dina umumna bagian ujungna lencob jeung sering miboga anak beuti. Belah luarna warna coklat rada ngora, sedengkeun belah jerona warna beureum rada coklat. Loba akar serabutna, panjang wortel 4 cm - 10 cm, rubakna 1,5 cm - 3 cm.

Wortel ngandung zat-zat, di handap ieu :

Alkaloida, akonitina jeung asetbencilakonin. Benzoilakonina, akonina, jeung neopelina.

Dosis dina ngagunakeun biasana 20 mg salaku antineuralgia alus pikeun ubar luar jeung ubar jero.

лиценца
cc-by-sa-3.0
авторски права
Pangarang sareng éditor Wikipedia
изворно
посети извор
соработничко мреж. место
wikipedia emerging languages