dcsimg

Rutaceae ( soundanais )

fourni par wikipedia emerging languages

Rutacéae nyaéta salah sahiji kulawarg tutuwuhan tina ordo Sapindales nu aya dina kelompok utama Angiospermae (Tutuwuhan kembangan).[1][2] Rutacéae mangrupa tutuwuhan hérba, semak, jeung tatangkalan nu miboga kelenjar barelang, umumna bau jujukutan.[3] Kulawarga ieu diwangun ku antara 150 genus jeung 1.500 spésiés nu dicirian ku ayana loba cucuk jeung tangkai nu jangjangan.[3] Kulawarga ieu miboga daun alternatif atawa sabalikna, sederhana atawa wangun palma atawa daun pinatel,atawa kadang-kadang garedé atawa leleuitik wangun cucuk; stipula henteu boga.[3] Kembangna sok miboga seungit amis, hampir sok biséksual, jeung actinomorfik atawa kadang-kadang zygomorfik.[3] Kembang ieu diatur keur penyerbukan, nu diurus ku gegeremet kawas laleur leutik atawa odéng.[2] Kembang-kembang miboga warna nu jelas, aromatik jeung miboga néktar.[2] Buah tina ieu kulawarga rupa rupa, misalna kapsul (genus Ruta), folikel (Zanthoxylum), drupes (Amyris), béri (Triphasia), samaras (tangkal hop), jeung shizocarps (Helietta).[2] Buah jeruk sabanerna mangrupa béri nu dimodifikasi.[2] Kulawarga ieu penting pikeun sajumlah gedé tutuwuhan hias jeung dahareun.[4] Loba vareitas na nu dibudidayakeun kawas jeruk, lémo, atawa jeruk bali.[4] Loba varietas asli nu dibudidayakeun salaku tutuwuhan hias, hususna spésiés Boronia, Crowéa, Eriostemon, Phebalium jeung Corréa.[4]

Referensi

  1. (en)Rutaceae (diakses 11 Maret 2016)
  2. a b c d e (en)Rutaceae family (diakses 11 Maret 2016)
  3. a b c d (en)Rut family (diakses 11 Maret 2016)
  4. a b c (en)Rutaceae (diakses 11 Maret 2016)
licence
cc-by-sa-3.0
droit d’auteur
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Rutaceae: Brief Summary ( soundanais )

fourni par wikipedia emerging languages

Rutacéae nyaéta salah sahiji kulawarg tutuwuhan tina ordo Sapindales nu aya dina kelompok utama Angiospermae (Tutuwuhan kembangan). Rutacéae mangrupa tutuwuhan hérba, semak, jeung tatangkalan nu miboga kelenjar barelang, umumna bau jujukutan. Kulawarga ieu diwangun ku antara 150 genus jeung 1.500 spésiés nu dicirian ku ayana loba cucuk jeung tangkai nu jangjangan. Kulawarga ieu miboga daun alternatif atawa sabalikna, sederhana atawa wangun palma atawa daun pinatel,atawa kadang-kadang garedé atawa leleuitik wangun cucuk; stipula henteu boga. Kembangna sok miboga seungit amis, hampir sok biséksual, jeung actinomorfik atawa kadang-kadang zygomorfik. Kembang ieu diatur keur penyerbukan, nu diurus ku gegeremet kawas laleur leutik atawa odéng. Kembang-kembang miboga warna nu jelas, aromatik jeung miboga néktar. Buah tina ieu kulawarga rupa rupa, misalna kapsul (genus Ruta), folikel (Zanthoxylum), drupes (Amyris), béri (Triphasia), samaras (tangkal hop), jeung shizocarps (Helietta). Buah jeruk sabanerna mangrupa béri nu dimodifikasi. Kulawarga ieu penting pikeun sajumlah gedé tutuwuhan hias jeung dahareun. Loba vareitas na nu dibudidayakeun kawas jeruk, lémo, atawa jeruk bali. Loba varietas asli nu dibudidayakeun salaku tutuwuhan hias, hususna spésiés Boronia, Crowéa, Eriostemon, Phebalium jeung Corréa.

licence
cc-by-sa-3.0
droit d’auteur
Pangarang sareng éditor Wikipedia