Ésénangka (lophozosterops javanicus); kacamata opior; Opior Jawa, nyaéta manuk nu asalna tina kulawarga zosteropidae, hirup tur nyebar di daérah kapuloan Indonesia jeung Pilipina.[2] Manuk ésénangka ieu aya dua rupa taya lian : L.J javanica (Jawa Tengah) jeung LJ frontalis (Jawa Barat).[3]Kaasup dina salah sahiji sasatoan liar nu hirupna dina panalingaan tur ditangtayungan ku dinas kehutanan Propinsi Jawa Barat.[4]
Panjang awakna ngan saukur 11-13 cm, beuratna 12-30 gr.[2] Ieu spesies ngan hirup di pulo Jawa jeung Bali. [5] Hirupna di leuweung nu luhur, ngumpul jeung manuk séjén mangsa nyiar hakaneun.[5] Sok kapanggih uclag-aclok dina pucuk tatangkalan, kahakananna sabangsaning sisikian nu leutik, simeut, rametuk, jeung sajabana.[5] Ciri mandiri, kelir bulu dina tonggongna héjo, bulu hariguna héjo ngan leuwih ngora jeung bengras, hihideung matana coklat, pamatuk jeung cékérna hideung, bulu dina palebah beuheungna hawuk, bulu dina palebah matana buleud bodas kawas kaca panon.[3]
Ésénangka (lophozosterops javanicus); kacamata opior; Opior Jawa, nyaéta manuk nu asalna tina kulawarga zosteropidae, hirup tur nyebar di daérah kapuloan Indonesia jeung Pilipina. Manuk ésénangka ieu aya dua rupa taya lian : L.J javanica (Jawa Tengah) jeung LJ frontalis (Jawa Barat).Kaasup dina salah sahiji sasatoan liar nu hirupna dina panalingaan tur ditangtayungan ku dinas kehutanan Propinsi Jawa Barat.
Panjang awakna ngan saukur 11-13 cm, beuratna 12-30 gr. Ieu spesies ngan hirup di pulo Jawa jeung Bali. Hirupna di leuweung nu luhur, ngumpul jeung manuk séjén mangsa nyiar hakaneun. Sok kapanggih uclag-aclok dina pucuk tatangkalan, kahakananna sabangsaning sisikian nu leutik, simeut, rametuk, jeung sajabana. Ciri mandiri, kelir bulu dina tonggongna héjo, bulu hariguna héjo ngan leuwih ngora jeung bengras, hihideung matana coklat, pamatuk jeung cékérna hideung, bulu dina palebah beuheungna hawuk, bulu dina palebah matana buleud bodas kawas kaca panon.