dcsimg

Belut Moray ( sunda )

tarjonnut wikipedia emerging languages

Belut Moray nyaéta belut kosmopolitan ti kulawarga Muraenidae nu ngawengku 200-an spésiés di 15 genera. Panjang awak nu ilahar 1,5 m; nu pangpanjangna Strophidon sathete bisa nepi ka 4 m.

Anatomi

 src=
Muraena helena némbongkeun dedegan/morfologi ilaharna belut moray: bentuk anguilliform, euweuh cécépét gigir-an, sarta boga liang insang nu buleud.

Cécépét tonggong belut moray nyambung ti tungtung hulu nepi ka buntut jeung cécépét bujur, nepi ka sabéngbatan mah mirip oray. Panonna leutik, tapi boga daya ambeu anu hadé pikeun ngadodoho mangsana.

Sebaran jeung habitat

Belut Moray kaasup kosmopolitan, sumebar di sagara wewengkon tropis jeung sedeng. Hirupna ulukutek di sabudeureun terumbu karang nu jerona nepi ka 150 m.

Klasifikasi

Genera

Rujukan

  1. Froese, Rainer, and Daniel Pauly, eds. (2009). "Muraenidae" di FishBase. Januari vérsi 2009.

Tumbu kaluar

lisenssi
cc-by-sa-3.0
tekijänoikeus
Pangarang sareng éditor Wikipedia
alkuperäinen
käy lähteessä
kumppanisivusto
wikipedia emerging languages

Belut Moray: Brief Summary ( sunda )

tarjonnut wikipedia emerging languages

Belut Moray nyaéta belut kosmopolitan ti kulawarga Muraenidae nu ngawengku 200-an spésiés di 15 genera. Panjang awak nu ilahar 1,5 m; nu pangpanjangna Strophidon sathete bisa nepi ka 4 m.

lisenssi
cc-by-sa-3.0
tekijänoikeus
Pangarang sareng éditor Wikipedia
alkuperäinen
käy lähteessä
kumppanisivusto
wikipedia emerging languages