dcsimg

Séréh ( 巽他語 )

由wikipedia emerging languages提供

Séréh (Cybopogon cytratus) nyaéta salah sahiji tutuwuhan tina kulawarga Poacéae. Ieu mangrupa sabangsaning tutuwuhan jujukutan nu daunna panjang siga eurih.[1] bédana, rumpun séréh leuwih gedé jeung sok tumuwuh ngagorombol.[1] Daun séréh miboga wangun ipis, lempeng, tulang daun sajajar, tungtung daun nyungcung jeung sisina keusrak.[1] sok kapanggih bagian luar jerona warna beureum.[1] sistim akarna kuat pisan jeung jero.[1] Séréh resep kana tempat nu lembab jeung deukeut kana cai, taneuh nu gembur, antukna teu héran mun tutuwuhan séréh loba tumuwuh di aréa pasawahan, irigasi, wahangan, jeung sajabana.[2] pikeun ngalobakeun ieu tutuwuhan bisa dilakonan ku cara neukteuk rimpangna atawa ku cara misahkeun rumpuna tuluy dipelak.[2] séréh miboga loba ngaran di daérah-daérah, saperti sere (Jawa); sarai, sorai, sange-sange (Sumatera); Tonti, sare (Sulawesi); hisa, isa (Maluku).[2]

Sifat Kimiawi

Séréh ngandung minyak atsiri kalawan ngandung citral, geraniol, citronrllal, methylheptenone, eugenol methyleter, dipenten, eugenol kaninen, kadinol jeung limonene, Salian éta, sérh ngandung alkaloid, flavonoid, jeung polifenol.[2]

Mangfaat

Séréh dipaké minangka bungbu dapur pikeun nyeungitkeun kadaharan; minyak séréh mangrupa minyak atsiri meunang nyuling tina pepelakan ieu.

salah sahiji kagunaan lianna tina séréh nyaéta bauna nu bisa dipaké keur ngusir reungit, boh pepelakannana, atawa ogé minyakna.

Referensi

  1. a b c d e Sa'adah, Sumiati. 2004. Mengenal Tanaman yang Berkhasiat Obat. Jakarta:Ganesa Exact ISBN 9791211124 ISBN 9789791211123
  2. a b c d Suryo, Joko. 2010. Herbal Sistem Pernafasan. Yogyakarta:Bentang Pustaka ISBN 9792438777 ISBN 9789792438772
許可
cc-by-sa-3.0
版權
Pangarang sareng éditor Wikipedia
原始內容
參訪來源
合作夥伴網站
wikipedia emerging languages

Séréh: Brief Summary ( 巽他語 )

由wikipedia emerging languages提供

Séréh (Cybopogon cytratus) nyaéta salah sahiji tutuwuhan tina kulawarga Poacéae. Ieu mangrupa sabangsaning tutuwuhan jujukutan nu daunna panjang siga eurih. bédana, rumpun séréh leuwih gedé jeung sok tumuwuh ngagorombol. Daun séréh miboga wangun ipis, lempeng, tulang daun sajajar, tungtung daun nyungcung jeung sisina keusrak. sok kapanggih bagian luar jerona warna beureum. sistim akarna kuat pisan jeung jero. Séréh resep kana tempat nu lembab jeung deukeut kana cai, taneuh nu gembur, antukna teu héran mun tutuwuhan séréh loba tumuwuh di aréa pasawahan, irigasi, wahangan, jeung sajabana. pikeun ngalobakeun ieu tutuwuhan bisa dilakonan ku cara neukteuk rimpangna atawa ku cara misahkeun rumpuna tuluy dipelak. séréh miboga loba ngaran di daérah-daérah, saperti sere (Jawa); sarai, sorai, sange-sange (Sumatera); Tonti, sare (Sulawesi); hisa, isa (Maluku).

許可
cc-by-sa-3.0
版權
Pangarang sareng éditor Wikipedia
原始內容
參訪來源
合作夥伴網站
wikipedia emerging languages