Betok (Anabas testudineus) nyaéta lauk darat anu asalna tina kulawarga anabantidae.[1] Lauk betok loba kapanggih hirup di nagara : Laos, Malaysia, Myanmar, Nepal, Pakistan, Singapura;, Srilanka; Thailand; Viet Nam, jeung nagara Asia tenggara séjénna.[2]
Mangsa kulah, balong, atawa rawa tempat hirupna saat ku lantaran usum halodo lauk betok mah bisa pindah tempat néangan kulah anu aya cai, ku jalan hanjat kadarat ngarayap dina leutak atawa taneuh garing ngagunakeun cécépétna, nu matak betok disebut ogé climbing gourami atawa walking fish.[3] Sagigireun éta lauk betok mah mibanda dua organ pikeun ngambekan (ngarenghap) anu ngajadikeun ieu lauk bisa langsung nyokot hawa/oksigén ti luar, ku kituna lauk betok mah bisa hirup dina kaayaan kurang hawa/oksigén.[4]
Lauk betok kaasup lauk leutik, ukuran awakna anu déwasa panjangna ngan nepika 23 cm kalawan beurat 200 gr, ieu lauk disebut ogé papuyu ; balang balang.[4] Di Kalimantan, Sumatera jeung Sulawesi ieu lauk dipikaresep pisan malahan hargana leuwih onjoy ti batan lauk lélé.[4] Ngan hanjakal sakapeung sok langka aya di pasar ku lantaran ngandelkeun beubeunangan ngala ti susukan, kulah, jeung rawa.[4] Lauk betok anu ngahaja dipiara di balong, mikabutuh waktu 5 - 6 bulan nepika waktuna dipanén.[4] ti mimiti melak binih lauk betok anu panjangna 5 - 8 cénti méter, ieu lauk baris dipanén jadi lauk betok déwasa anu ukuranna hijina 80-100 gram atawa 10-15 siki dina sakilo.[4]
Betok (Anabas testudineus) nyaéta lauk darat anu asalna tina kulawarga anabantidae. Lauk betok loba kapanggih hirup di nagara : Laos, Malaysia, Myanmar, Nepal, Pakistan, Singapura;, Srilanka; Thailand; Viet Nam, jeung nagara Asia tenggara séjénna.
Mangsa kulah, balong, atawa rawa tempat hirupna saat ku lantaran usum halodo lauk betok mah bisa pindah tempat néangan kulah anu aya cai, ku jalan hanjat kadarat ngarayap dina leutak atawa taneuh garing ngagunakeun cécépétna, nu matak betok disebut ogé climbing gourami atawa walking fish. Sagigireun éta lauk betok mah mibanda dua organ pikeun ngambekan (ngarenghap) anu ngajadikeun ieu lauk bisa langsung nyokot hawa/oksigén ti luar, ku kituna lauk betok mah bisa hirup dina kaayaan kurang hawa/oksigén.
Lauk betok kaasup lauk leutik, ukuran awakna anu déwasa panjangna ngan nepika 23 cm kalawan beurat 200 gr, ieu lauk disebut ogé papuyu ; balang balang. Di Kalimantan, Sumatera jeung Sulawesi ieu lauk dipikaresep pisan malahan hargana leuwih onjoy ti batan lauk lélé. Ngan hanjakal sakapeung sok langka aya di pasar ku lantaran ngandelkeun beubeunangan ngala ti susukan, kulah, jeung rawa. Lauk betok anu ngahaja dipiara di balong, mikabutuh waktu 5 - 6 bulan nepika waktuna dipanén. ti mimiti melak binih lauk betok anu panjangna 5 - 8 cénti méter, ieu lauk baris dipanén jadi lauk betok déwasa anu ukuranna hijina 80-100 gram atawa 10-15 siki dina sakilo.