Kékés nyaéta sajenis mamalia leutik nu kaasup kulawarga bajing (familia Tupaiidae). Ngaran ilmiahna mah Tupaia javanica (Horsfield, 1822), jeung ngaran dina basa Inggris mah Horsfield's treeshrew.[1]
Ari kékés mah bajing nu awakna leutik. Huluna panjang jeung awakna kurang leuwih 15 cm atawa kurang, buntutna kurang leuwih 18 cm (120% sirah jeung awak).
Warna awak bagian luhur mah kawas bajing kalapa (Callosciurus notatus) di wewengkon Sunda. Konéng-coklat kulawu, jeung totol bulu semu hideung. Di sakurilingeun panon jeung dina pundukna aya warna konéng semu bodas. Gigireun beuteung jeung dihandapeun suku semu konéng nepi bodas.
Buntut panjang jeung ngarubak, ngan teu kandel, coklat konéng jeung totol semu hideung.
Hirup di leuweung-leuweung nu nembrak jeung pakebonan, utamana di tempat nu loba tangkal leutik. Kékés aktif ti beurang (diurnal), utamana di antara wanci carangcang tihang nepi ka haneut moyan.
Saliwat mah lalampahanna sarua jeung hésé dibédakeunna jeung bajing kalapa. Komo deuih ieu sato téh duanana miboga ukuran awak nu ampir sarupa jeung relung ékologis (ecological niche) nu patumpang tindih.
Rada éraan, kékés mah resep néangan hakaneun dina tangkal-tangkal leutik atawa perdu nu muka atawa satengah muka. Hakaneunna utamana mah sarupaning gegeremet jeung sarupaning bungbuahan. Meureun ogé sasatoan leutik lianna. Mindeng ogé nyorang tatangkalan paéh, pikeun néangan gegeremet di balik kulit kaina nu garing.
Kékés ( Celemes ) sumebar di pulo Jawa, Bali, Sumatra kulon (Kerinci), jeung Pulo Nias.
Dua jenis lian nu sarua jeung tumpang tindih dina sumebaranna nyaéta:
Kékés nyaéta sajenis mamalia leutik nu kaasup kulawarga bajing (familia Tupaiidae). Ngaran ilmiahna mah Tupaia javanica (Horsfield, 1822), jeung ngaran dina basa Inggris mah Horsfield's treeshrew.