Beunying nyaéta hiji spésiés tina tuwuhan dina kulawarga Moraceae. Ieu tutuwuhan téh ngandung potensi jadi ubar lantaran ngandung senyawa alkaloid, triterpenoid jeung flavonoid anu mangrupa kelompok senyawa bioaktif[1]. Jangkung tangkalna bisa nepi kana 20 m jeung 21 dbh, jeung diaméter 25 cm.[2] Catangna boga geutah anu warnana bodas. Kalakayna regas, babari potong. Stipula kira-kira 10 mm, gundul. Ukuran diaméter buahna 10mm, warnana konéng semu coklat, wangunna buleud, mibanda daging buah. Buahanna téh ranggeuyan napel kana kalakay jeung catangna.[2]
Beunying bisa hirup dina kondisi alam ti mimiti wilayah dipterocarp campuran nu teu kaganggu, nepi ka leuweung sub-pagunungan, sarta nepi kana 1.700 m. Dina tonggong pasir jeung pagunungan anu miboga tékstur taneuh teula (taneuh liat) nu pacampur jeung keusik.[2]
Ti mimiti India wétan jeung laut Cina kidul ka New Guinea. Di Bornéo loba kapanggih di Sarawak, Sabah jeung Kalimantan Wétan.[2]
Beunying nyaéta hiji spésiés tina tuwuhan dina kulawarga Moraceae. Ieu tutuwuhan téh ngandung potensi jadi ubar lantaran ngandung senyawa alkaloid, triterpenoid jeung flavonoid anu mangrupa kelompok senyawa bioaktif. Jangkung tangkalna bisa nepi kana 20 m jeung 21 dbh, jeung diaméter 25 cm. Catangna boga geutah anu warnana bodas. Kalakayna regas, babari potong. Stipula kira-kira 10 mm, gundul. Ukuran diaméter buahna 10mm, warnana konéng semu coklat, wangunna buleud, mibanda daging buah. Buahanna téh ranggeuyan napel kana kalakay jeung catangna.