dcsimg

Kukang Sunda ( sunda )

tarjonnut wikipedia emerging languages

Kukang Sunda (Nycticebus coucang) nyaéta primata strepsirrhine jeung spésiés kukang pituin Indonésia, Malaysia kulon, Muangthai kidul, jeung Singapura. Panjang awakna 27–38 cm ti hulu ka buntut, beuratna 599-685 g. Kawas kukang lianna, irungna baseuh (rhinarium), huluna buleud, ceulina leutik nyumput dina bulu anu kandel, beungeut rata, panon gedé bolotot, sarta buntut anu sauted.

Kukang Sunda liar peuting (nokturnal) dina tatangkalan (arboréal), hirup di leuweung hujan anu rembet ku tatangkalan. Kecepatan métabolikna laun pisan, dibanding mamalia lian anu ukuranana sapantar. kadaharanana bungbuahan, artropoda, sarta nyeuseup cai tina tutuwuhan jeung sari kembang. Hirupna solitér, jarang pisan ngumpul jeung nu lian. Anakan sakali hiji, keureuneuh salila 192 poé. Anakna mimiti mandiri sanggeus umur 16-27 bulan, nalika geus sawawa sacara séksual.

Ieu spésiés kaasup "Vulnerable" dina IUCN Red List, kaancam lastari alatan loba diala pikeun sato ingon, pangpangna di Indonésia. Kaancamna téh ogé alatan leungitna habitat.

Rujukan

  1. a b Groves 2005, p. 122.
  2. Groves 1971, p. 50.
  3. In 1917, Robinson used the name buku, attributed to Ruffles 1821;Citakan:R however, the name buku as originally applied did not refer to a loris.[2]
  4. "Table 2 b: taxonomic names and synonyms used by several authors: genus, species, subspecies, populations" (PDF). Loris and potto conservation database. loris-conservation.org. 4 February 2003. p. 3. Diakses tanggal 30 April 2013.
  5. Chasen 1940, pp. 88–89.
lisenssi
cc-by-sa-3.0
tekijänoikeus
Pangarang sareng éditor Wikipedia
alkuperäinen
käy lähteessä
kumppanisivusto
wikipedia emerging languages

Kukang Sunda: Brief Summary ( sunda )