dcsimg
Eclipta的圖片
Life » » Archaeplastida » » 木蘭綱 » » 菊科 »

鱧腸

Eclipta prostrata (L.) L.

Urang aring ( 巽他語 )

由wikipedia emerging languages提供

Urang-aring nyaéta ngaran tutuwuhan anu watangna ngarancabang, tumuwuhna biasana di sisi jalan, di lapang, atawa di sisi solokan.[1] Ieu tutuwuhan jangkungna ngan ukur nepi ka 80 cm, tumuwuhna ajeg ka luhur atawa nyanggeyeng.[1] Warna watangna héjo semu coklat, aya buluan warna bodas. Wangun daunna lansét, warnana héjo, tungtungna seukeut, sisina régé-régé lemes ampir rata, daunna kasar aya buluan warna bodas.[1] Kembangna majemuk warna bodas tur laleutik. Buahna panjang, ceper, heuras, tur buluan.[1]

Kandungan

Urang aring ngandung ecliptine, alfaTerthienylmethanol, 2-(Buta-1,3-diynyl)-5-(but-3-en-1-ynyl) thiophene, 2-(Buta-1,3-diynyl)-5-(4-chloro-3-hydroxybut-1-ynyl) thiophene, 5-(3-Buten-1-ynyl)-2,2'-bithienyl-5'-methyl acetate, wedelolactone.[1]

Mangpaat

Salian ti dimangpaatkeun pikeun nyuburkeun rambut, urang-aring mangpaat pikeun ubar pendarahan, nurunkeun panas, anti racun,[1] ubar jang utah getih, mimiseun, kiih getih, ngising getih, hepatitis, diare, kurang gizi, keputihan, jeung huisan.[2]

Referensi

  1. a b c d e f Urang-aring (id) (Diakses ping 16 Oktober 2011)
  2. urang-aringl (id) (Diakses ping 16 Oktober 2011)
許可
cc-by-sa-3.0
版權
Pangarang sareng éditor Wikipedia
原始內容
參訪來源
合作夥伴網站
wikipedia emerging languages

Urang aring: Brief Summary ( 巽他語 )

由wikipedia emerging languages提供

Urang-aring nyaéta ngaran tutuwuhan anu watangna ngarancabang, tumuwuhna biasana di sisi jalan, di lapang, atawa di sisi solokan. Ieu tutuwuhan jangkungna ngan ukur nepi ka 80 cm, tumuwuhna ajeg ka luhur atawa nyanggeyeng. Warna watangna héjo semu coklat, aya buluan warna bodas. Wangun daunna lansét, warnana héjo, tungtungna seukeut, sisina régé-régé lemes ampir rata, daunna kasar aya buluan warna bodas. Kembangna majemuk warna bodas tur laleutik. Buahna panjang, ceper, heuras, tur buluan.

許可
cc-by-sa-3.0
版權
Pangarang sareng éditor Wikipedia
原始內容
參訪來源
合作夥伴網站
wikipedia emerging languages