dcsimg

Asterales ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Asterales nyaéta salah sahiji ordo tutuwuhan nu aya dina kelompok utama tutuwuhan kembangan (Angiospermae).[1] Compositae atawa Asteraceae mangrupa anggota tina ieu ordo.[1] Ieu tutuwuhan miboga kembang komposit nu diwangun ku loba kuntum leutik.[1] Aya sapuluh kulawarga séjéna nu patali kénéh jeung Asteracéae.[1] Asterales mangrupa ordo tutuwuhan kembangan nu diwangun ku 11 kulawarga jeung kira-kira 26.870 spésiés, kaasup 25.000 spésiés tina kulawarga Asteracéae (aster, onak, kembang panon poé) jeung 2.000 spésiés Campanulaceae (kembang torompét).[2][3] Asterales sumebar lega di sabagian gedé dunya jeung biasana mangrupa tutuwuhan hérba jeung sababaraha semak jeung nu balaradag kawas tangkal.[2] Karakteristik umumna mangrupa morfologi benang sari nu unik, nyéta batang benang sarina biasana ngawangun kumpulan padet atawa ngahiji kana tabung konsentris.[2] Dina asterales, molekul panyimpenan oligosakarida inulin ngagentian tipung.[2] Dina ordo Asterales, aya tutuwuhan pangan nu penting, kawas Helianthus annuus (kembang panon poé), Lactuca sativa (Salada), Cichorium sp. (sawi bodas).[2] Dina ordo ieu aya ogé nu kaasup rempah-rempah, parasa jeung tutuwuhan obat.[2]

Referensi

  1. a b c d (en)asterales the daisy family (diakses 9 Maret 2016)
  2. a b c d e f (en)Asterales (diakses 9 Maret 2016)
  3. (en)Asterales (diakses 9 Maret 2016)
license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Asterales: Brief Summary ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Asterales nyaéta salah sahiji ordo tutuwuhan nu aya dina kelompok utama tutuwuhan kembangan (Angiospermae). Compositae atawa Asteraceae mangrupa anggota tina ieu ordo. Ieu tutuwuhan miboga kembang komposit nu diwangun ku loba kuntum leutik. Aya sapuluh kulawarga séjéna nu patali kénéh jeung Asteracéae. Asterales mangrupa ordo tutuwuhan kembangan nu diwangun ku 11 kulawarga jeung kira-kira 26.870 spésiés, kaasup 25.000 spésiés tina kulawarga Asteracéae (aster, onak, kembang panon poé) jeung 2.000 spésiés Campanulaceae (kembang torompét). Asterales sumebar lega di sabagian gedé dunya jeung biasana mangrupa tutuwuhan hérba jeung sababaraha semak jeung nu balaradag kawas tangkal. Karakteristik umumna mangrupa morfologi benang sari nu unik, nyéta batang benang sarina biasana ngawangun kumpulan padet atawa ngahiji kana tabung konsentris. Dina asterales, molekul panyimpenan oligosakarida inulin ngagentian tipung. Dina ordo Asterales, aya tutuwuhan pangan nu penting, kawas Helianthus annuus (kembang panon poé), Lactuca sativa (Salada), Cichorium sp. (sawi bodas). Dina ordo ieu aya ogé nu kaasup rempah-rempah, parasa jeung tutuwuhan obat.

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia