dcsimg

Jawér kotok ( soundanais )

fourni par wikipedia emerging languages

Jawér kotok; Plectranthus nyaéta ngaran hiji pepelakan hias (papaés) asalna tina kulawarga Labiate, kalawan mibanda loba variétas aya kana 200 tisakuliah dunya.[2][3] Jangkungna bisa nepika 2 méter, kelir daun ilaharna beureum semu coklat kalawan sisina rérégéan.[3] Umurna teupati lila, mangsa dauna geus ngarangrangan ieu tangkal jadi katempo henteu nyari.[3] didaérah séjén ieu tangkal disebut ogé iler (Jawa), adong-adong (Palembang), ati-ati (Bugis), serewung (Minahasa).[4]

Jawér kotok asalna ti daérah Asia Tenggara, hirup kalawan subur palebah taneuh nu mibanda 1300 m tina beungeut cai laut (dpl).[5] Ieu tangkal sagigireun dipelak pikeun papaés ogé dimangpaatkeun pikeun ubar saperti nyeri ceuli, ambéyen, nyeri beuteung alatan bunghak, keputihan, jeung sajabana.[3][4] Cara ngarekahkeunna kawilang gampang, bisa dipelakeun tina sikina ogé bisa nancebkeun tangkalna beunang nyeték atawa neukteuk.[4] Miara tangkal jawér kotok kawilang gampil, taneuhna henteu perlu baseuh tapi ogé ulah garing teuing.[3] Tempatna negrak, cukup kasorot ku panon poé.[4]

Dicutat tina

  1. "The Plant List: A Working List of All Plant Species". Diakses tanggal June 19, 2014.
  2. Kunsten en WetenschappenDiterbitkan, Bataviaasch Genootschap van (1862). Verhandelingen van het Koninklijk Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen, Volume 29. Batavia: Perpustakaan Negeri Bavarian.
  3. a b c d e Mursito, Apt., M.Si. , Ir. Heru Prihmantoro, Drs. Bambang Mursito, Apt., M.Si. , Ir. Heru Prihmantoro (2011). Tanaman Hias Berkhasiat Obat. Depok: Penebar Swadaya Grup.
  4. a b c d Wahyuni, Sri (2008). Seri Tumbuhan Obat Berpotensi Hias. Jakarta: Elex Media Komputindo.
  5. AgroMedia, Redaksi (2007). Memanfaatkan Pekarangan untuk Taman Obat Keluarga. Batavia: AgroMedia.
licence
cc-by-sa-3.0
droit d’auteur
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Jawér kotok: Brief Summary ( soundanais )

fourni par wikipedia emerging languages

Jawér kotok; Plectranthus nyaéta ngaran hiji pepelakan hias (papaés) asalna tina kulawarga Labiate, kalawan mibanda loba variétas aya kana 200 tisakuliah dunya. Jangkungna bisa nepika 2 méter, kelir daun ilaharna beureum semu coklat kalawan sisina rérégéan. Umurna teupati lila, mangsa dauna geus ngarangrangan ieu tangkal jadi katempo henteu nyari. didaérah séjén ieu tangkal disebut ogé iler (Jawa), adong-adong (Palembang), ati-ati (Bugis), serewung (Minahasa).

Jawér kotok asalna ti daérah Asia Tenggara, hirup kalawan subur palebah taneuh nu mibanda 1300 m tina beungeut cai laut (dpl). Ieu tangkal sagigireun dipelak pikeun papaés ogé dimangpaatkeun pikeun ubar saperti nyeri ceuli, ambéyen, nyeri beuteung alatan bunghak, keputihan, jeung sajabana. Cara ngarekahkeunna kawilang gampang, bisa dipelakeun tina sikina ogé bisa nancebkeun tangkalna beunang nyeték atawa neukteuk. Miara tangkal jawér kotok kawilang gampil, taneuhna henteu perlu baseuh tapi ogé ulah garing teuing. Tempatna negrak, cukup kasorot ku panon poé.

licence
cc-by-sa-3.0
droit d’auteur
Pangarang sareng éditor Wikipedia