dcsimg

Bekantan ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Bekantan mangrupa jumplukan monyét Dunya Lila anu mibanda irung badag sarta mancung.[1] Anggota suku Cercopithecidae ieu diwangun ti dua spesis nyaéta bekantan kahau (Nasalis lavartus) sarta Bekantan simakobu (N. concolor). Bekantan mindeng disebut proboscis monkey atawa "monyét Walanda".[1]

Habitat sarta Ékologi

Bekantan mangrupa primata éndemik anu asalna ti Kalimantan. Wewengkon sumebarnaa kawates di Kepulauan Mentawai sarta pulo Kalimantan.[1] Monyét ieu hirup di tatangkalan, di leuweung ranca, bako, sarta wewengkon aliran walungan.[1] Bekantan jalu ukuranana kira-kira 60–80 cm sarta beuratna 16–23 kg.[1] Sedengkeun bekantan bikang ukuranana 50–60 cm sarta beuratna 7–11 kg.[1] Panjang buntutna ngahontal 55–75 cm.[1] Bulu bekantan warnana abu-abu jeung campuran konéng, cokelat, sarta oranyeu.[1]

Sato nu Éraan

Bekantan miboga sipat éraan.[1] Monyét ieu baris lumpat bingung lamun nempo kalangkang manusa atawa sato séjén anu ngadeukeutanana.[1] Ku sabab éta, maranéhanana leuwih resep cicing di luhur pucuk tangkal luhur sangkan aman ti hontalan manusa sarta sato séjénna.[1] Sajaba ti éta, bekantan ogé boga sipat sensitif sarta gampang strés.[1] Stresna bekantan ditandaan panonna jadi sipit sarta bulu-buluna nu maruragan.[1] Stres ogé ngabalukarkeun sato ieu henteu daék dahar ku kituna bisa ngabalukarkeun paéh.[1]

Kadaharan Bekantan

Béda ti primata séjénna, bekantan henteu bisa dahar sagawayah.[1] Kadaharan bekantan mangrupa daun ti tangkal rambai, (genus Sonneratia) tangkal panggung (genus Barringtonia).Spesies ieu lolobana folivorous (kira-kira 52% ti kabéh nyusuan) sarta ngadahar buah (kira-kira 40% ti kabéh nu nyusuan), sarta leuwih resep daun ngora.[2] Manéhna sakali-kali turun ka taneuh pikeun néangan yuyu sarta sato cai séjénna.[1] Monyét ieu biasana néangan dahar dina pabeubeurang, sajaba minangka sumber kadaharan, tangkal rambai ogé dipaké sebaga tempat ancik , tempat ngembang biak, miara anak, sarta tempat nyumput ti prédator.[1]

Rujukan

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q (id) Syukur, Abdul. dkk. 2005. Ensiklopedia Umum untuk Pelajar. PT Ichtiar Baru Van Hoeve
  2. (en) Ekologi & Habitat (Dicutat tanggal 25 Oktober 2011)
license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Bekantan: Brief Summary ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Bekantan mangrupa jumplukan monyét Dunya Lila anu mibanda irung badag sarta mancung. Anggota suku Cercopithecidae ieu diwangun ti dua spesis nyaéta bekantan kahau (Nasalis lavartus) sarta Bekantan simakobu (N. concolor). Bekantan mindeng disebut proboscis monkey atawa "monyét Walanda".

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia