dcsimg
Bambusa multiplex (Lour.) Raeusch. ex Schult. fil. resmi
Life » » Archaeplastida » » Angiosperms » » Buğdaygiller »

Bambusa multiplex (Lour.) Raeusch. ex Schult. fil.

Awi krisik ( Sundaca )

wikipedia emerging languages tarafından sağlandı

Awi krisik (Bambusa multiplex)[6] nyaéta tangkal awi anu ngahaja dipelak ku lantaran mibanda loba kagunaan, utamana pikeun pager hirup di buruan anu perenahna nyanghareup ka jalan.[7] awi krisik disebut ogé awi ganani ; awi cina [8] ; awi pager [9] atawa buluh pagar.[6] Awi krisik di daérah Jawa disebutna pring gĕndani, pring cĕndani (basa Jawa).[8] Dina basa Inggris disebutna hedge bamboo[1][6] kalawan mibanda rupa-rupa variasi, atawa numutkeun kultivarna; disebut ogé Chinese dwarf bamboo.[6]

Pedaran

Awi krisik tangkalna ngarungkun tur kékép ; rimpangna nyagak simpodial.[9]Iwungna héjo, lokos; tangkal anu masih kénéh ngora semu bodas kawas disimbutan ku bubuk lilin.[9] Tangkalna ajeg pucukna ngarumpuyuk, jangkungna bisa nepi ka 8 m, tungtung tangkal ka pucukna melengkung; régangna bijil tina buku-buku tangkal anu masih kénéh deukeut tina taneuh.[9] Dina satangkal régang anu bijil ukuranna méh sarua, panjang lk. 7-9, panjang buku-bukuna 30-50 cm sedengkeun garis tengahna (0,3–)1,5–2,5 cm.[9] Tangkal awi krisik kawilang ipis tapi pejel 5 mm (var. riviereorum); héjo hérang, kalwan mibanda bulu-bulu anu heuras kelirna coklat nepi ka coklat kolot, utamana anu aya dihandapeun buku tangkal; buku-bukuna ngajarendul.[9][10]

Salumpitna gancang leupas tina tangkal; wanguna kawas trapesium leutik, mimtina kawas aya wedakna (semu bodas), henteu buluan, melengkung henteu rata, tungtungna nikel kaluar.[9] Ligula rérégéan henteu rata, jangkungna 1,5 mm, lokos.[9] Palapah daun gancang leupas, ajeg, wangunna kawas segi tilu rada pongpét, palapah handapna méh sarua jeung palapah luhurna, tungtung palapah daun semu méncos, diluarna buluan kelirna coklat.[9][10]

Daun salambar lonyod méncos ka tungtungna 5-13 × 0,6-1,5 cm, daun beulah handap rada keusrak, semu bodas, ngaronyok aya kana 5-26 lambar daun dina tungtung régang; salumpit daun leutik, baruluan ; ligula rérégéan, jangkung lk. 1 mm.[9][10]

Tempat hirup jeung ékologi

Awi krisik ditaksir asalna ti wewengkon Indocina jeung Cina beulah kalér; kiwari geus nyebar ka sababaraha nagara di wilayah tropis, kaasup Asia Tenggara.[6][11] Awi krisik disebut ogé awi ganani bisa hirup dina rupa-rupa kaayaan taneuh, ogé dina dataran anu luhur 1.500 m tina beungeut cai laut (dpl).[6]

Mangpaat

Awi krisik loba anu mikaresep tur ngahaja dipelak utamana pikeun pager hirup di kebon jeung buruan.[6] Tangkalna anu geus kolot sok dimangpaatkeun pikeun gagang payung atawa jeujeur.[6][12] Di Indonesia jeung Thailand ieu awi dipaké ogé pikeun anyaman.[6] Di Filipina, tangkalna geus dipecakan dijieun bubur pikeun nyieun kertas pulp.[6] Di Taiwan, Awi krisik dipaké pikeun panghalang angin.[6] Kultivar-kultivar tangkalna leuwih pendék ngahaja dipelak dina pot pikeun papaés buruan.[6]

Dicutat tina

  1. a b Ohrnberger, D. 1999. The Bamboos of the World: Annotated Nomenclature and Literature of the Species and the Higher and Lower Taxa: 266. Amsterdam :Elsevier.
  2. Linné, Carl von & al. 1830. Systema vegetabilium :secundum classes, ordines, genera, species. Cum characteribus, differentiis et synonymiis. Vol. 7(2) : 1350. Stuttgardtiae :Sumtibus J.G. Cottae [1817-1830].
  3. Loureiro, J. de. 1790. Flora cochinchinensis : sistens plantas in regno Cochinchina nascentes. Quibus accedunt aliae observatae in Sinensi imperio, ...: 58. Ulyssipone : Typis, et expensis academicis [1790].
  4. Raeuschel, E.A. 1797. Nomenclator botanicus omnes plantas ab illustr. Carolo a Linné descriptas aliisque botanicis temporis recentioris detectas enumerans. (ed. 3): 103. Lipsiae [Leipzig] :Apud Johann Gottlob Feind [1797]. OCLC 457447705.
  5. The Plant List: Bambusa multiplex Raeusch. ex Schult.
  6. a b c d e f g h i j k l Dransfield, S. & E.A. Widjaja 1995. "Bambusa multiplex (Lour.) Raeuschel ex J.A. & J.H. Schultes". in Soejatmi Dransfield & E.A. Widjaja (Eds). Plant Resources of South-East Asia No. 7 Bamboos: 65-7. Bogor :PROSEA (Plant Resources of South-East Asia) Foundation. [Internet] Record from Proseabase. Accessed 13-Jun-2016
  7. KBBI daring: bambu
  8. a b Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia I: 336-7. Badan Litbang Kehutanan, Departemen Kehutanan. Jakarta. (versi berbahasa Belanda -1922- I: 278-9, sebagai Bambusa nana Roxb.)
  9. a b c d e f g h i j Widjaja, E.A. 2001. Identikit jenis-jenis bambu di Jawa: 30-2. Gb. 13 & L.f. 6. Bogor: Puslitbang Biologi LIPI.
  10. a b c Flora of China: 57. Bambusa multiplex
  11. GrassBase: Bambusa multiplex
  12. (id)"Peralatan hiburan dan kesenian tradisional daerah Jawa Barat". Departemen Pendidikan dan Kebudayaan, Proyek Inventarisasi dan Dokumentasi Kebudayaan Daerah. Diakses tanggal 2017-04-26.

Daptar pustaka

Tutumbu kaluar

lisans
cc-by-sa-3.0
telif hakkı
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Awi krisik: Brief Summary ( Sundaca )

wikipedia emerging languages tarafından sağlandı

Awi krisik (Bambusa multiplex) nyaéta tangkal awi anu ngahaja dipelak ku lantaran mibanda loba kagunaan, utamana pikeun pager hirup di buruan anu perenahna nyanghareup ka jalan. awi krisik disebut ogé awi ganani ; awi cina ; awi pager atawa buluh pagar. Awi krisik di daérah Jawa disebutna pring gĕndani, pring cĕndani (basa Jawa). Dina basa Inggris disebutna hedge bamboo kalawan mibanda rupa-rupa variasi, atawa numutkeun kultivarna; disebut ogé Chinese dwarf bamboo.

lisans
cc-by-sa-3.0
telif hakkı
Pangarang sareng éditor Wikipedia