dcsimg

Kacapiring ( Sudanês )

fornecido por wikipedia emerging languages

Kacapiring; Gardenia jasminoides nyaéta hiji pepelakan nu asalna tina kulawargga Rubiaceae.[1][2] Kacapiring loba dipiara pikeun pepelakan hias/papaés buruan imah atawa kantor, alatan mibanda kembang nu éndah tur seungit.[2] Kasebut pepelakan nahun, kacapiring mibanda dahan, régang sarta daun nu kerep.[2] Kacapiring pepelakan nu gampil dipelak henteu mikabutuh perhatian leuwih, utamana dina taneuh nu perenahna dina 400 mdpl.[2][1]

Kacapiring téh pepelakan nu asalna ti nagara China disebutna San tze che; zhi zi, di Vietnam disebutna danh danh; chi tur. di nagara urang mibanda ngaran daérah: meulu bruek'; raja putih (Acéh), ceplokpiring (Jawa), sang klapa (Maluku), Jempiring (Bali).[1]

Ciri mandiri

Daunna rada kandel lonyod mencos katung-tung, krlirna héjo, lemes bagéan luhurna.[2] Kembangna sarimbag jeung kembang ros, kelirna bodas tur ngaluarkeun sengit nu mandiri.[2] Jangkung tangkalna kurang lewih 1 – 2 méter.[2]

Kandungan kimia

Panaluntikan nu dilakukeun ku para ahli, kacapiring ngahasilkeun minyak nu disebut linalol jeung styrolyl.[2]

Hasiat pikeun ubar

  1. Diabétes mellitus: 12 lambar daun kacapiring digodong maké cai duagelas, nepika sésa sagelas, mun geus tiis tuluy diinum caina
  2. Sariawan: 7 lambar daun kacapiring, tuluy dirieus nepika bubuk, tinyuh ku cai sa gelas, tuluy disaring caina. Diinum caina bisa ditambah madu jeung gula kawung saperluna
  3. Galingging panas tiris : 7 lambar daun kacapiring, tuluy dirieus nepika bubuk, tinyuh ku cai sa gelas, tuluy di saring caina. Diinum caina bisa ditambah jeung gula batu saperluna
  4. Hésé miceun: 3 siki buah kacapiring digodog ku dua gelas cai nepi ka nyésa sagelas, tuluy diinumkeun
  5. Jeung réa-réa deui[2][1]

Dicutat tina

  1. a b c d Dalimartha, Setiawan (2008). Atlas tumbuhan obat Indonesia, Volume 3. Jakarta: Niaga Swadaya. p. 30. ISBN 9789793235738. Diakses tanggal 14 Februari 2020.
  2. a b c d e f g h i A.N.S, Thomas (1989). Tanaman obat tradisional, Volume 2. Jakarta: Kanisius. p. 21. ISBN 9789794138090. Diakses tanggal 14 Februari 2020.
licença
cc-by-sa-3.0
direitos autorais
Pangarang sareng éditor Wikipedia
original
visite a fonte
site do parceiro
wikipedia emerging languages

Kacapiring: Brief Summary ( Sudanês )

fornecido por wikipedia emerging languages

Kacapiring; Gardenia jasminoides nyaéta hiji pepelakan nu asalna tina kulawargga Rubiaceae. Kacapiring loba dipiara pikeun pepelakan hias/papaés buruan imah atawa kantor, alatan mibanda kembang nu éndah tur seungit. Kasebut pepelakan nahun, kacapiring mibanda dahan, régang sarta daun nu kerep. Kacapiring pepelakan nu gampil dipelak henteu mikabutuh perhatian leuwih, utamana dina taneuh nu perenahna dina 400 mdpl.

Kacapiring téh pepelakan nu asalna ti nagara China disebutna San tze che; zhi zi, di Vietnam disebutna danh danh; chi tur. di nagara urang mibanda ngaran daérah: meulu bruek'; raja putih (Acéh), ceplokpiring (Jawa), sang klapa (Maluku), Jempiring (Bali).

licença
cc-by-sa-3.0
direitos autorais
Pangarang sareng éditor Wikipedia
original
visite a fonte
site do parceiro
wikipedia emerging languages