dcsimg

Primata ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Primata (L. prima, kahiji) hartina sakabéh anggota ordo nu ilaharna patali jeung lemur, monyét, jeung kera, kaasup manusa.[1] Primata aya di sakuliah dunya, tapi lolobana mah (nu lain manusa) ayana di Amérika Tengah jeung Kidul, Aprika, jeung Asia Kidul.

Ordo primata sacara teu resmi dibagi deui kana tilu golongan utama: prosimian, Monyét Dunya Anyar, jeung monyét sarta kera Dunya Kuna. Prosimian téh spésiés nu awakna ampir sarupa jeung proto-primata awal, misalna lemur Madagaskar jeung kapuloan Komoro nu kakurung ti dunya luar. Monyét Dunya Anyar ngawengku monyét kapucin, howler, jeung monyét bajing nu ukur aya di Amérika. Di saluarkeun manusa, simian, Monyét Dunya Kuna jeung kera mah ngeusi Aprika jeung Asia Kidul & Tengah, najan aya bukti fosil nu nunjukkeun yén spésiés-spésiés éta ogé kungsi aya di Éropah. Kiwari kacatet aya 190–448 spésiés primata hirup, gumantung kana klasipikasi anu dipaké. Di Asia, kacatet aya 119 spésiés, satengahna aya di Indonésia.[2]

Dedegan

 src=
Dedegan manusa

Sakabéh primata boga lima ramo (pentadaktili), pola huntu nu sarua, sarta widang awak nu primitip. Ciri pangbéda séjénna nyaéta ayana kuku. Jempol nu nyanghareup ka ramo lianna ogé mangrupa ciri primata, najan aya ogé sato séjén nu boga ciri kieu.

Baca ogé

Rujukan

  1. M. Goodman, D. A. Tagle, D. H. Fitch, W. Bailey, J. Czelusniak, B. F. Koop, P. Benson, J. L. Slightom (1990). "Primate evolution at the DNA level and a classification of hominoids". Journal of Molecular Evolution 30: 260–266. http://www.ncbi.nlm.nih.gov/entrez/query.fcgi?cmd=Retrieve&db=PubMed&list_uids=2109087&dopt=Abstract.
  2. Christian Roos, Ramesh Boonratana, Jatna Supriatna, John R. Fellowes, Colin P. Groves, Stephen D. Nash, Anthony B. Rylands, Russell A. Mittermeier (2014). "An updated taxonomy and conservation status review of Asian primates". Asian Primates Journal.
  • ^ Primates in Question (Smithsonian Institute Press, 2003), Robert W. Shumaker & Benjamin B. Beck (ISBN 1-58834-176-3 )

Tumbu kaluar

Mamalia Monotremata

Placentalia: Xenarthra | Dermoptera | Desmostylia | Scandentia | Primates | Rodentia | Lagomorpha | Insectivora | Chiroptera | Pholidota | Carnivora | Perissodactyla | Artiodactyla | Cetacea | Afrosoricida | Macroscelidea | Tubulidentata | Hyracoidea | Proboscidea | Sirenia

Marsupialia: Didelphimorphia | Paucituberculata | Microbiotheria | Dasyuromorphia | Peramelemorphia | Notoryctemorphia | Diprotodontia

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Primata: Brief Summary ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Primata (L. prima, kahiji) hartina sakabéh anggota ordo nu ilaharna patali jeung lemur, monyét, jeung kera, kaasup manusa. Primata aya di sakuliah dunya, tapi lolobana mah (nu lain manusa) ayana di Amérika Tengah jeung Kidul, Aprika, jeung Asia Kidul.

Ordo primata sacara teu resmi dibagi deui kana tilu golongan utama: prosimian, Monyét Dunya Anyar, jeung monyét sarta kera Dunya Kuna. Prosimian téh spésiés nu awakna ampir sarupa jeung proto-primata awal, misalna lemur Madagaskar jeung kapuloan Komoro nu kakurung ti dunya luar. Monyét Dunya Anyar ngawengku monyét kapucin, howler, jeung monyét bajing nu ukur aya di Amérika. Di saluarkeun manusa, simian, Monyét Dunya Kuna jeung kera mah ngeusi Aprika jeung Asia Kidul & Tengah, najan aya bukti fosil nu nunjukkeun yén spésiés-spésiés éta ogé kungsi aya di Éropah. Kiwari kacatet aya 190–448 spésiés primata hirup, gumantung kana klasipikasi anu dipaké. Di Asia, kacatet aya 119 spésiés, satengahna aya di Indonésia.

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia