dcsimg

Campedak ( soundanais )

fourni par wikipedia emerging languages
 src=
Campedak

Campedak nyaéta tutuwuhan buah kulawarga Moraceae .[1] Wangun buah, rasa katut seungitna saperti nangka, sanajan aromana osok nyegak jiga buah kadu.[1]

Penyebaran

Tutuwuhan ieu asalna ti Asia Tenggara, sarta sumebar ti wewengkon Tenasserim di Burma, Semenanjung Malaya, kaasup Thailand, jeung bagian Nusantara: Sumatra, Kalimantan, Sulawesi, Maluku jeung Papua.[rujukan?] Loba ogé kapanggih di Jawa barat.[1] Dipikawanoh sacara luas minangka nangka atawa campedak, buah ieu ogé mibanda sababaraha ngaran lokal saperti bangkong (campedak leuweung, bentuk liar di Malaysia) , baroh (Kep. Lingga jeung Johor), nangka beurit (Sunda), nongko Cino (Jawa) , Cubadak hutan (Minangkabau) tiwadak (Banjar) jeung sajabana.[2]

Ekologi

Sacara alami, campedak liar mindeng kapanggih dina leuweng hujan dataran rendah, boh leuweung primér jeung sekundér.[rujukan?] Ngembang ka jangkungna kira-kira 1000 m di luhur permukaan laut, tangkal buah ieu sok resepeun daérah-daérah nu boga usum halodo nu teu teges, lahan nu permukaan cai taneuhna déét, jeung komo tahan sasakali kakeueum banjir.[1]

Cempedak biasana dipelak di pakarangan, kebon campuran, nepi ka wanatani kompleks, nu mindeng ngaliar jadi leuweung sekunder.[rujukan?] Cempedak ogé bisa dikawinkeun sacara alami jeung nangka.[1]

Rujukan

  1. a b c d e Jansen, P.C.M. 1997. Artocarpus integer (Thunb.) Merr. dalam Verheij, E.W.M. dan R.E. Coronel (eds.). Sumber Daya Nabati Asia Tenggara 2: Buah-buahan yang dapat dimakan. PROSEA – Gramedia. Jakarta. ISBN 979-511-672-2.
  2. Biji bangkong menyelerakan
licence
cc-by-sa-3.0
droit d’auteur
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Campedak: Brief Summary ( soundanais )

fourni par wikipedia emerging languages
 src= Campedak

Campedak nyaéta tutuwuhan buah kulawarga Moraceae . Wangun buah, rasa katut seungitna saperti nangka, sanajan aromana osok nyegak jiga buah kadu.

licence
cc-by-sa-3.0
droit d’auteur
Pangarang sareng éditor Wikipedia